Rabu, 18 Maret 2020

Khutbah Jum'at (29 Desember 2017)



بسم الله الرحمن الرحيم
السلام عليكم ورحمة الله وبركاته

الحمد لله نحمده و نستعينه و نستغفره، و نعوذ بالله من شرور أنفسنا و من سيئات أعمالنا من يهدي الله فلا مضل له و من يضلل فلا هادي له، أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له و أشهد أن محمدا عبده رسوله لا نبي بعده.
اللهم صل و سلم وبارك و أنعم على سيدنا محمد و على آله و أصحابه و من تبع بهداه إلى يوم الدين. أما بعد.
فيا أيها الحاضرون، أوصيكم  و إياي بتقوى الله فقد فاز المتقون. و قال الله تعالى: وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرَى آمَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَكَاتٍ مِنَ السَّمَاءِ وَالأرْضِ وَلَكِنْ كَذَّبُوا فَأَخَذْنَاهُمْ بِمَا كَانُوا يَكْسِبُونَ.

Hadirin Jamaah jum’at nu dimuliakeun ku Allah SWT.

Hayu urang sadaya manjatkeun puji sinareng syukur ka Allah Nu Maha Agung, kalayan shalawat sinareng salam mugia ditetepkeun ka junjunan urang sadaya, nyaeta Nabi Muhammad SAW, katut ka kulawargina, ka para sahabatna, oge ka urang sadaya sing diangken janten ummatna nu kenging syafaatna dina dinten kiamat. Amin Ya Robbal ‘alamin.

Salajengna khotib umajak ka para hadirin sadaya pikeun ningkatkeun kaimanan tur kataqwaan ka Allah SWT, ku jalaran nglaksanakeun parentahna sareng nebihan laranganana. Kataqwaan nu bakal janten bekel pang hadena dina kahirupan dunia sinareng aherat.  
وتزودوا فإن خير الزاد التقوى
Hartosna: “Geura marekel maraneh (ku kataqwaan), kusabab taqwa eta teh sahadehadena bekel.”

Kataqwaan nu bakal ngabuka lawang lawang kabarokahan ti langit sareng bumi, sakumaha dawuhan Allah SWT dinu surat Al A’rof ayat 96.

وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرَى آمَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَكَاتٍ مِنَ السَّمَاءِ وَالأرْضِ وَلَكِنْ كَذَّبُوا فَأَخَذْنَاهُمْ بِمَا كَانُوا يَكْسِبُونَ

Hartosna: “Saumpama penduduk hiji nagri iman tur taqwa, pasti ku Kami (Allah) bakal dibukakeun pikeun maranehna kabarokahan ti langit jeung bumi, tapi maranehna pada pada teu percaya. Ku kituna Kami ngahukum maranehna ku sabab naon anu dipilampah ku maranehna. (QS. Al A’rof: 96)

Hadirin jamaah Jum’at anu mulya.

Upami urang ngalenyepan ayat nu tadi diaos, di dinya disebatkeun yen kataqwaan sareng kaimanan matak mawa kabarokahan, pon kitu deui sawangsulna, takdzib atanapi henteu iman jeung henteu taqwa ka Allah, bakal nyebabkeun turunna hukuman ti Allah SWT. Hukuman ti Allah SWT nu mangrupa adzab atanapi teguran, bentukna bencana alam, kasangsaraan hirup, panyakit nu teu aya obatna, krisis ekonomi, jeung sajabana.

Naon anu kasaksenan ku urang ahir ahir ieu, mangrupa gempa bumi nu teu acan lami karaos ku urang rieug taneuhna, banjir di sababaraha tempat, longsor, badai cempaka jeung badai dahlia di taun ieu. Ieu mangrupikeun fitnah ti Allah SWT. Fitnah atanapi bencana nu bisa janten ujian, teguran atanapi adzab ti Mantena.

Hiji bencana janten ujian pikeun jalmajalma nu taat ka Allah SWT pikeun nguji kasabaran kalayan ningkatkeun darajatna. Sakumaha dawuh Allah SWT.

ولنبلونكم بشيء من الخوف و الجوع و نقص من الأموال و الأنفس و الثمرات و بشر الصابرين

Hartosna: “Jeung pasti Kami bakal nguji maraneh ku saeutik rasa kasieun, kalaparan, kakurangan harta, jiwa, jeung buah buahan. Geura bere kabar gumbira pikeun jalma jalma anu sabar.”

Para Hadirin Jamaah Jum’ah.

Sajabana ti ujian, bencana atanapi fitnah ti Allah bias jadi eta oge teguran bahkan adzab. Teguran pikeun jalma jalma nu ngaku iman tapi masih nglampahan maksiat. Adzab pikeun jalma jalma nu kaliwat batas dina kamaksiatan jeung kakufuran.

Nu matak ngundang bencana ti Allah mangrupa adzab sabab utamana aya dua; nyaeta kamusyrikan jeung kamaksiatan. Nu kahiji sakumaha dawuh Allah SWT dinu Surat Maryam ayat 88  sampe 91:

وَقَالُوا اتَّخَذَ الرَّحْمَنُ وَلَدًا (88) لَقَدْ جِئْتُمْ شَيْئًا إِدًّا (89) تَكَادُ السَّمَاوَاتُ يَتَفَطَّرْنَ مِنْهُ وَتَنْشَقُّ الْأَرْضُ وَتَخِرُّ الْجِبَالُ هَدًّا (90)  أَنْ دَعَوْا لِلرَّحْمَنِ وَلَدًا (91(
Hartosna: “Jeung maranehna nyarita yen Allah nu Maha Asih ngabogaan anak. Saenyana maraneh teh pisan pisan geus milampah pagawean nu kacida lalawora. Hampir hampir bae sakabeh langit ambrol lantaran eta laku lampah, bumi hampir beulah, gunung hampir leeh pabalatak sakabeh jagat. Lantaran maranehna nyarita yen Allah nu Maha Asih ngabogaan anak.”

Hadirin jamaah Jum’at anu mulya.

Pikeun urang sadaya salaku jalma nu iman , urang kedah tauhid ka Allah, teu meunang urang midua Allah. Komo deui nganggap Allah ngagaduhan indung bapak sareng anak. Eta kamusyrikan anu kacida gedena. Ayeuna urang dina kahirupan berbangsa jeung bernegara, tangtu urang hirup teh pagilinggisik jeung penganut agama nu sejen, nu ngakukeun pangeran salian ti Allah, oge aya nu ngkukeun ayana Tuhan Bapak jeung Tuhan anak. Dina kahirupan salaku warga Negara mah urang kedah toleransi, nu hartosna ngajamin kabebasan sasami warga Negara pikeun ngajalankeun agamana masing masing. Tapi lain harti urang kedah pipilueun kana ajaran agama batur. Dina hal ieu, urang ngagaduhan prinsip lakum diinukum waliya diin.

Ulah pipilueun budaya batur bisi kaasup ka batur. Sakumaha dawuh Nabi Muhammad SAW:
من  تشبه بقوم فهو منهم
Hartosna: “sing saha jalma nu pipilueun nurutan hiji kaum, maka eta jalma kaasup ka kaum eta.”

Tangtu urang teu hoyong kalebet jalmi kafir. Ku sabab tuturut jalma kafir. Malahan Nabi SAW oge pernah mepelingan ka urang sadaya yen umat Islam lambat laun bakal kasered kana budaya umat umat baheula. Para sahabat naros ka Nabi : “apakah nu dimaksud the Yahudi sareng Nasrani?” Nabi ngawaler: Nya saha deui? Maraneh bakal pipilueun kana budayana sajeungkal sajeungkal nepikeun lamun eta kaum asup ka liang bayawak, maraneh oge bakal milu asup. Hadis ieu diriwayatkeun ku Imam Tirmidzi.

Kahade, pepeling ka umat Islam dina nyanghareupan ahir taun Masehi, atawa taun baru Masehi, ulah kasered ku budaya nu teu puguh, ulah kabawa ku sakabakaba. Urang salaku jalma Islam, jalma Iman kedah ngagaduhan prinsip sareng pamadegan.

Para hadirin jamaah jum’at anu mulya.

Nu ka dua nu matak ngadatangkeun bencana mangrupa teguran atanapi adzab ti Allah nyaeta kamaksiatan. Kamaksiatan nu disebabkeun ku hawa nafsu jeung syahwat manusa. Puncak kamaksiatan nu disebabkeun ku hawa nafsu nyaeta kasombongan sakumaha dicontokeun ku Fir’aun, sementara puncak kamaksiatan nu disebabkeun ku syahwat nyaeta kalakuan kaum Nabi Luth atawa LGBT (Lesbian, Gay, Bisexual, jeung Transgender).

Allah SWT nyontokeun kasombongan manusa ku tokoh Fir’aun, anu urang sadaya pada uninga kumaha Adzab Allah ka Fir’aun. Conto nu sejenna adzab nu diturunkeun ka jalma jalma nu adigung nyaeta hukuman nu ditumibakeun ka kaum ‘Ad. Hji kaum nu ku Allah dipasihan kakuatan nu leuwih dibandingkeun manusa anu sejena. Malah ukuran bandanna oge nepi ka 20 meter jangkungna. Tapi kusabab kufur jeung sombong, Allah ngahukum eta kaum ku sora guludug.

Nu salian ti eta, kamaksiatan nu matak ngundang adzab oge nyaeta sagala rupa kamaksiatan nu pakait jeung syahwat, mangrupa kasarakahan, nipu, koret, ngurangan timbanngan, riba, perzinaan jeung sajabana. Nu puncakna nyaeta naon anu dilakukeun ku kaum Nabi Luth AS. Sakumaha ditulis dinu AlQur’an:
                                                       
إِنَّكُمْ لَتَأْتُونَ الرِّجَالَ شَهْوَةً مِنْ دُونِ النِّسَاءِ بَلْ أَنْتُمْ قَوْمٌ مُسْرِفُونَ (81)
Hartosna: “Saenyana maraneh (lalaki) ngalampiaskeun syahwat ka lalaki lain ka awewe, bahkan maraneh teh kaum anu kaliwat batas.” (QS Al A’raf : 81)

Hukuman Allah ka kaum LGBT henteu tanggung tanggung, adzabna nyaeta dijungkir balikeun jeung taneuh taneuhna. Kaum ‘Ad sakumaha adigung jeung kufurna, adzab Allah nu tumiba ka maranehna henteu ngahancurkeun tempat tinggalna. Fir’aun sakumaha sombongna, nepi ka ngaku maneh jadi Pangeran, tapi Allah mung ngahancurkeun Fir’aun katut tentarana, negara Mesir henteu dihancurkeun ku Allah. Tapi hukuman pikeun jalma nu ngalakukeun LGBT, langkung dahsyat. Nyaeta dijungkir balikeun jeung tempat tinggalna tur dihujanan batu sakumaha nu dialaman ku kaum Nabi Luth AS. وجعلنا عاليها سافلها و امطرنا عليهم حجارة  . sanes eta wungkul, di Italia oge aya kota Pompeii nu ngalaman hal anu sami, dihujanan ku batu.

Para hadirin jamaah jumat.

Masalah LGBT ahir ahir ieu tambah rame di nagara urang. Lalaki ogoh ka lalaki, awewe boogoh ka awewe, atawa lalaki ngarasa jadi awewe ataw sabalikna. Teu sakedik jalma di nagara urang ayeuna nu janten pegiat atanapi pendukung LGBT, ngadukung prilaku nu menyimpang jeung dilaknat ku Allah sareng RosulNa. Malah diperjuangkeun supaya dilegalkeun sacara hukum. Kampanyeu LGBT dii nagara urang ayeuna tos aya dina taraf nu pikahariwangeun pisan. Ku kituna, para haridirin sadaya, urang kedah waspada. Ulah nepikeun aya nu kasered kana penyimpangan ieu, utamana poma pepeling ka barudak ngora, sing ati ati dina bergaul. Ulah nepi keuna ku arus jeung virus LGBT.

بارك الله لي ولكم و لوالدينا و لوالديكم واستغفروه إنه هو الغفور الرحيم


Khutbah ka Dua

                الحمد لله الذي أمرنا بالاتحاد والاعتصام بحبل الله المتين. أشهد أن لا اله إلى الله وحده لا شريك له. إياه نعبد وإياه نستعين، وأشهد أن محمدا عبده ورسوله المبعوث رحمة للعالمين.
أما بعد، فيا ايها المسلمون واعلموا أن الله سبحانه وتعالى أمركم بأمر بدأ فيه بنفسه، وثنى بملائكته المسبحة لقدسه. فقال تعالى في كتابه العظيم إن الله وملائكته يصلون على النبي يا أيها الذين امنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.
اللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى اله وأصحابه أجمعين. والتابعين وتابع التابعين ومن تبعهم بإحسان إلى يوم الدين. وعلينا معهم برحمتك يا أرحم الراحمين. اللهم اصلح جميع ولاة المسلمين وأهلك الكفرة والمشركين، وانصر الإسلام والمسلمين. واعل كلمتك إلى يوم الدين، اللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات، الأحياء منهم والأموات إنك سميع قريب مجيب الدعوات، يا قاضي الحاجات. ربنا افتح بيننا وبين قومنا بالحق وأنت خير الفاتحين. ربنا اتنا في الدنيا حسنة وفي الأخرة حسنة وقنا عذاب النار.
عباد الله، إن الله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفخشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون. فاذكروا الله العظيم يذكركم وادعوه يستجب لكم ولَذكرُ اللهِ أكبر.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar