Rabu, 18 Maret 2020

Khutbah Jum'at (20 juli 2018)



NGADIDIK ANAK KENAL KA ALLAH SWT.
بسم الله الرحمن الرحيم
الحمد لله الذي أنعم علينا بنعمة الإيمان و الإسلام، و هدانا إلى سبل السلام، و تفضل علينا بجوده و الكرم، فجمعنا في بيته المحترم. ثم أفضل الصلاة و السلام على خير الأنام، نبينا محمد المبعوث للعرب و العجم، و على آله و أصحابه الكرام، و من تبعه بإحسان إلى يوم لقاء الله السلام. أما بعد.
فيا أيها الحاضرون ، أوصيكم بتقوى الله و طاعته فقد فاز المتقون. وقال الله تعالى: وليخش الذين لوتركوا من خلفهم ذرية ضعافا خافوا عليهم فليتقوا الله وليقولوا قولا سديدا.  
Para hadirin jamaah jum’ah anu mulya.
Sabadana urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Allah nu maha ghofur, kalayan shalawat sinareng salam ka kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana sareng ka sadaya sahabat tur ummatna dugi ka akhir zaman, khatib mepelingan ka diri pribadi khotib khususna, umumna ka hadirin sadaya, pikeun ningkatkeun kataqwaan ka Allah SWT. Hayu urang sami sami ningkatkeun kataatan dina numutan parentahna tur nebihan laranganana.
Para hadirin jamaah jum’at.
Di antawis nikmat Allah SWT nu kacida agungna pikeun manusa nyaeta nikmat ngagaduhan katurunan. Gaduh anak, incu, buyut jeung saterusna eta mangrupikeun nikmat nu dipikahoyong ku sadaya jalma. Malahan para Nabi oge ngado’a ka Allah sangkan dipaparinan katurunan. Diantaranya do’a Nabi Zakariya AS:
هنالك دعا زكريا ربه قال رب هب لي من لدنك  ذرية طيبة إنك سميع الدعاء (آل عمران 38)
Nabi Ibrohim AS ngadoa dugi ka mangpuluh puluh taun miharep dipaparinan katurunan.
Seneng kana katurunan eta oge mangrupikeun fitrah manusa sakumaha dawuhan Allah SWT:
 زين للناس حب الشهوات من النساء و البنين و القناطير المقنطرة من الذهب و الفضة و الخيل مسومة و الأنعام و الحرث ذلك متاع الحياة الدنيا و الله عنده حسن المآب (آل عمران 14)
Ku kituna henteu salah upami urang cinta ka anak incu urang. Nu teu acan dipaparinan katurunan oge henteu salah ikhtiyar tur ngadoa ka Allah miharep katurunan. Tapi urang kedah nuhunkeun ka Allah the katurunan anu sholeh, nu matak janten qurrata a’yun (nu matak tiis kana ceuli herang kana mata), sanes katurunan anu janten ‘aduwwan lakum (nu janten musuh) sakumaha disebutkeun di surat attaghabun 14:
يأيها الذين آمنوا إن من أزواجكم و أولادكم عدوا لكم فاحذروهم...
Ku kituna urang kedah waspada ka anak anak urang. Utamana nu kedah diperhatikeun ku urang sadaya ti anak anak urang nyaeta ketauhidanana, kakuatan iman na, ulah nepikeun urang sadaya ninggalkeun anak urang dina kaayaan lemah iman. Komo deui di zaman ayeuna di mana godaan ka generasi muda langkung dahsyat ti batan kapungkur.
Nabi Ya’qub AS parantos nyontokeun ka urang yen nu bakal jadi bekel utama pikeun katurunan the sanes harta banda, tapi kakuatan iman.
أم كنتم شهداء إذ حضر يعقوب الموت إذ قال لبنيه ما تعبدون من بعدي قالوا نعبد إلهك و إله آبائك إبراهيم و إسماعيل و إسحاق إلها واحداو نحن له مسلمون (البقرة 133)
Nabi Ya’qub AS saparantos yakin anak anakna bakal tetep nyembah ka Allah, anjeuna maot kalayan tenang.
Para hadirin jamaah jum’at
Ngajarkeun ka tauhidan ka anak bakal ngajantenkeun anak tumbuh dina rasa tanggung jawab jeung kajujuran. Anak bakal ngarasa diawasi ku Allah SWT. Ku kituna anak moal wani ngalakukeun anu dilarang ku Allah SWT sanajan henteu diawasi ku orang tuana. Anak bakal ngalakukeun tugas tugasna kalayan tanggung jawab, kumargi ngagaduhan self control (pengendalian dan pengawasan dari dalam diri sendiri). Anak nu tumbuh kalayan sifat jujur jeung tanggung jawab tangtu bakal janten jalmi nu jujur jeung tanggung jawab oge engkena.

Para hadirin sadaya.
Urang ulah dugikeun ka telat ngajarkeun katauhidan ka anak. Komo deui kasempatan ngadidik anak the mung sakali. Upami anak parantos tumbuh dewasa, moal tiasa diulangi deui. Ku kituna sedini mungkin urang kenalkeun anak urang ka Allah SWT. Urang kedah langkung khawatir upami anak urang henteu kenal ka Allah SWT batan henteu kenal ka rumus matematika. Urang kedah langkung khawatir nalika anak urang henteu ngarasa diawasi ku Allah SWT, tibatan henteu tiasa ngerjakeun soal soal ujian sakola.
Para hadirin sadaya.
Pendidikan the sajatina ngenalkeun manusa ka penciptana. Salah sahiji ulama pernah nyarita أول واجب على الإنسان معرفة الإله باستيقان .
أقول قولي هذا و أستغفر الله لي ولكم و لسائر المسلمين و المسلمات إنه هو الغفور الرحيم.


Khutbah ka Dua

                الحمد لله الذي أمرنا بالاتحاد والاعتصام بحبل الله المتين. أشهد أن لا اله إلى الله وحده لا شريك له. إياه نعبد وإياه نستعين، وأشهد أن محمدا عبده ورسوله المبعوث رحمة للعالمين.
أما بعد، فيا ايها المسلمون واعلموا أن الله سبحانه وتعالى أمركم بأمر بدأ فيه بنفسه، وثنى بملائكته المسبحة لقدسه. فقال تعالى في كتابه العظيم إن الله وملائكته يصلون على النبي يا أيها الذين امنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.
اللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى اله وأصحابه أجمعين. والتابعين وتابع التابعين ومن تبعهم بإحسان إلى يوم الدين. وعلينا معهم برحمتك يا أرحم الراحمين. اللهم اصلح جميع ولاة المسلمين وأهلك الكفرة والمشركين، وانصر الإسلام والمسلمين. واعل كلمتك إلى يوم الدين، اللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات، الأحياء منهم والأموات إنك سميع قريب مجيب الدعوات، يا قاضي الحاجات. ربنا افتح بيننا وبين قومنا بالحق وأنت خير الفاتحين. ربنا اتنا في الدنيا حسنة وفي الأخرة حسنة وقنا عذاب النار.
عباد الله، إن الله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفخشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون. فاذكروا الله العظيم يذكركم وادعوه يستجب لكم ولَذكرُ اللهِ أكبر.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar