بسم الله الرحمن الرحيم
السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
الحمد لله حق حمده، الذي أرسل رسوله بالهدى و دينه، و خصّ الإنسان من بين
خلقه لإقامة شريعته و حمل أمانته، و جعل التقوى معيار كرامة العبد و رفعة درجاته. ثم
أفضل الصلاة و التسليم على خير الخلق محمد الأمين، و على آله و أصحابه الطاهرين، و
من تبعهم بإحسان إلى يوم الدين. أما بعد...
فيا أيها الحاضرون، أوصيكم و إياي بتقوى الله فقد فاز المتقون. قال الله
تعالى : يأيها الذين آمنوا اتقوا الله حق تقاته و لا تموتن إلا و انتم مسلمون. و
قال أيضا : إن الدين عند الله الإسلام.
Para hadirin jamaah jum’ah nu
dimuliakeun ku Allah SWT.
Puji sinareng sukur hayu urang panjatkeun ka Allah nu
Maha Asih ka sadaya mahlukna utamana ka manusa nu Iman jeung Islam. Shalawat
sinareng salam mugia ditetepkeun ka junjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW,
ka kulawarga, sahabat, oge ka saha bae nu janten ummatna nu satia kana
ajaranana dugi ka ahir jaman. Amin ya robal alamin.
Salajengna khatib umajak ka para
hadirin sadaya pikeun ningkatkeun kaimanan tur kataqwan urang sadaya ka Allah
SWT di mana bae uran ayana. Sakumaha dawuhan kanjeng Rosul:
اتق الله حيثما كنت و أتبع السيئة الحسنة تمحوها و خالق الناس بخلق حسن.
Hartosna: “Anjeun kedah taqwa ka Allah di mana bae
ayana, jeung tuturkeun kagorengan ku kahadean supaya eta kahadean teh ngahapus
kagorengan, tur geura bergaul ka papada manusa ku ahlak nu hade.”
Para Hadirin Jamaah Jum’at anu mulya.
Urang kedah bersyukur ka Allah SWT,
kumargi urang dipaparinan kanikmatan anu pang agungna, nyaeta nikmat Iman jeung
Islam. Islam agama nu dipilih ku Allah, nu dipikaridho. Nu ku urang sadaya
diagem kalayan kacida gampangna. Malah ngajalankeunana oge di nagara urang mah
dijamin ku undang undang. Di nagara batur mah pikeun ngajalankeun ajaran Islam
teh kacida hesena, boro boro
nunjukkeun identitas ka Islaman, malahan pikeun saukur neangan informasi tentang Islam
nu bener oge hese. Alhamdulillah, urang ayeuna gampang pisan belajar Islam,
ngagem agama Islam, tur ngajalankeun ajaran Islam. Kantun urangna daek atawa
henteu ngajalankeunana.
Islam ajaran nu diturunkeun ku Allah
SWT pikeun kahirupan urang sadaya, supaya urang hirup dina aturan nu ngajaga
kamulyaan urang salaku manusa. Islam teh ngamanusakeun manusa. Ku sabab lamun henteu diatur ku ajaran Islam, manusa bakal turun darajatna, nepi ka leuwih rendah ti batan
binatang ternak. Sakumaha dawuhan Allah SWT:
لقد خلقنا الإنسان في أحسن تقويم ثم رددناه أسفل سافلين إلا الذين آمنوا
وعملوا الصالحات فلهم أجر غير ممنون.
Hartosna:
“Saenyana Kami parantos nyiptakeun manusa kalayan rupa nu pang hadena,
salajengna Kami balikkeun eta jalma kana derajat nu pang rendahna, iwal ti
jalma jalma nu iman jeung beramal sholeh, maka eta jalma bakal meunang pahala
nu henteu putus putus.”
Dina ayat eta, manusa di awal penciptaanana
dimuliakeun ku Allah, tuluy direndahkeun sarendah rendahna. Tapi aya nu moal
turun derajatna, nu moal direndahkeun ku Allah, nyaeta jalma jalma nu Iman
jeung amal sholeh. Ari amal sholeh nyaeta naon bae anu disyare’atkeun dinu
ajaran Islam.
Dina ayat sejen disebutkeun:
أَمْ تَحْسَبُ أَنَّ أَكْثَرَهُمْ يَسْمَعُونَ
أَوْ يَعْقِلُونَ إِنْ هُمْ إِلاَّ كَالْأَنْعامِ بَلْ هُمْ أَضَلُّ سَبِيلاً (44)
Hartosna:
“Naha maneh nyangka yen maranehna (nyaeta jalma nu tumut taat ka hawa nafsuna)
teh ngadenge jeung mikir, padahal maranehna sarupa binatang ternak malah leuwih
sesat.” (QS Al furqon ayat 44)
Ayat eta
ngajelaskeun jalma nu leuwih taat ka hawa nafsuna nu henteu tumut kana aturan
Allah, bakal direndahkeun derajatna ku Allah SWT malahan leuwih sesat ti
binatang ternak.
Para hadirin sidang
Jum’ah anu mulya.
Islam mangrupikeun saperangkat aturan hirup anu
lengkap. Sadaya aspek kahirupan manusa teu aya nu ditinggalkeun dina ajaran
Islam. Islam ngatur kahirupan manusa secara pribadi, keluarga, masyarakat,
malah sampe kana kahirupan bernegara. Ieu nu diistilahkeun Syumuliyatul Islam,
Kasampurnaan Islam.
Para hadirin
jamaah jum’at.
Salaku jalma Islam urang kedah yakin sayakin yankinna
yen agama islam teh agama nu pang benerna.
Kayakinan eta kedah dibuktikeun dina kahirupan sapopoe. Kusabab Islam ngatur
sagala aspek kahirupan manusa, kukituna jalma Islam kedah daek diatur ku ajaran
Islam dina kahirupan pribadina, Ibadahna, laku lampahna, rumah tanggana,
pakayana, jeung sajabana kedah saluyu jeung ajaran Islam. Sakumaha makna Islam
nyaeta tunduk atawa patuh, tumut kana parentah.
Allah SWT ngadawuh dinu surat Muhammad ayat 2
و الذين آمنوا وعملوا الصالحات و آمنوا بما نزل
على محمد وهو الحق من ربهم كفر الله سيئاتهم و اصلح بالهم.
Hartosna : “Jeun jalma jalma nu iman tur amal sholeh, tegesna
iman ka (Al qur’an) nu diturunkeun ka Nabi Muhammad jeung (eta Al qur’an) teh
al haqq (kebenaran nu sajati) ti Tuhan maranehna, maka Allah bakal ngahapuskeun
kasalahan maranehna jeung bakal ngahadekeun kahirupanana.”
Dina ayat eta Allah SWT nyebutkeun
yen anu diturunkeun ka Nabi Muhammad teh (Alqur’an nu ngandung ajaran Islam
dijerona) Alhaqq, ditambahkeun alif lam ma’rifat, nu hartina kasajatian, eta sifat henteu aya
dinu sejenna, anu dina elmu nahwu mah disebut Uslub Alhashr. Maksudna kabeneran
nu sajati mung aya din a ajaran Islam wungkul.
Ditegeskeun dina ayat AlQu’an nu
sejenna :
ومن يبتغ غير الإسلام دينا فلن يقبل منه وهو في الآخرة من الخاسرين
Hartosna:
“sing saha jalma nu ngagem agama salain Islam, maka moal ditarima jeung
diakherat eta jalma bakal rugi.” (QS Ali Imron: 85)
Para hadirin
jamaah jum’at anu mulya.
Salaku jalma Islam urang kedah total tumut kana sagala
parentah Allah, tur nebihan sagala nu dilarang ku Allah, kalayan kayakinan yen
sagala nu diparentahkeun ku Allah eta hade, nu dilarang ku Allah eta bakal
ngabinasakeun tur ngahinakeun kana sifat kamanusaan urang sadaya. Urang ulah
milih milih aturan lain pikeun kahirupan urang salian ti aturan Islam, komo
deui lamun hirup saukur diatur ku hawa nafsu. Sing saha jalma nu henteu tumut
kana aturan Allah, pasti eta jalma bakal diatur ku aturan aturan anu leuwih
rendah ti batan aturan Allah. Nu pang rendahna nyaeta aturan nu dumasar tina
hawa nafsu.
Ku kituna para hadirin sadaya, hayu urang niatkeun
diri urang pikeun taat kana aturan Allah dina sagala kahirupan urang. Hayu
urang ngamulyakeun diri urang ku kataqwaan, ulah nepikeun ngarendahkeun diri
urang, supaya henteu rugi di dunia jeung diakherat.
بارك الله لي ولكم و لوالدينا و لوالديكم و
لسائر المسلمين و المسلمات، و استغفروه إنه هو الغفوور الرحيم.
الخطبة الثانية
الحمد لله والشكر لله فلا حول ولا قوّة إلا بالله ، الصلاة
والسلام على رسول الله وعلى آله وصحبه ومن والاه أما بعد: فيا عباد الله اتقوا اله
فى السرّ والعلن وذروا الفواحش ما ظهر منها وما بطن و حافظوا على حضر الجمعة
والجماعة، وعلموا أنّ الله أمركم بأمر بدأ فيه بنفسه وثنّى بملائكته المسبّحة
بقدسه وأيّه المؤمنين من عباده وهو القائل فى كتابه الكريم:
اعوذ بالله من الشيطان الرجيم، إنّ الله وملائكته يصلّون على
النبىّ يأيّها الذين آمنوا صلّوا عليه وسلّموا تسليما.
اللهم صلّ على محمد وعلى آل محمد وسلّم ورضى الله تعل
عالى عن كلّ صحابة رسول الله أجمعين والحمد لله ربّ العالمين، الحمد لله حمدا
يوافى نعمه ويكافى مزيده يا ربّنا لك الحمد كما ينبغى لجلال وجهك الكريم وعظيم
سلطانك. ربّنا اغفرلنا ولإخواننا الذين سبقونا بالإيمان ولاتجعل فى قلوبنا غلاّ
للذين آمنوا ربّنا إنّك رؤوف رحيم. اللهم اغفر للمؤمنين والمؤمنات والمسلمين
والمسلماتالأحياء منهم والأموات إنّك سميع قريب مجيب الدعوات ياقاضى الحاجات.
اللهم أعزّ الإسلام والمسلمين وأصلح ولاة المسلمين وألّف بين قلوبهم وأصلح ذات
بينهم وانصرهم على عدوّك وعدوّهم ووفّقهم للعمل بما فيه صلاح الإسلام والمسلمين.
اللهم اهلك الكقرة والمبتدعة والمشركين أعداءك أعداء الدين. اللهم شتّت شملهم
ومزّق جمعهم وألق فى قلوبهم الرّعب إنّك على كلّ شىء قدير. ربّنا هب لنا من
أزواجنا وذريّاتنا قرة أعين واجعلنا للمتقين إماما، ربذنا آتنا فى الدنيا حسنة وفى
الآخرة حسنة وقنا عذاب النار الحمدلله ربّ عالعلمين.
عباد
الله إنّ الله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر
والبغى يعظكم لعلكم تذكّرون فاذكروا الله العظيم
يذكركم واسألوه من فضله يعطكم ولذكر الله أكبر. اقمــوا الصلاة.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar