Rabu, 18 Maret 2020

Khutbah Jum'at (23 Maret 2018)



NIAT
بسم الله الرحمن الرحيم
السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
الحمد لله حق حمده، الذي أرسل رسوله بالهدى و دينه، و خصّ الإنسان من بين خلقه لإقامة شريعته و حمل أمانته، و جعل التقوى معيار كرامة العبد و رفعة درجاته. ثم أفضل الصلاة و التسليم على خير الخلق محمد الأمين، و على آله و أصحابه الطاهرين، و من تبعهم بإحسان إلى يوم الدين. أما بعد...
فيا أيها الحاضرون، أوصيكم و إياي بتقوى الله فقد فاز المتقون. و قال الله تعالى في كتابه الكريم : يأيها الذين آمنوا اتقوا الله حق تقاته ولا تمون إلا و أنتم مسلمون.  وقال أيضا: الذي خلق الموت و الحياة ليبلوكم أيكم أحسن عملا .
                                                                                            
Para hadirin jamaah Jumat nu dimuliakeun ku Allah SWT.
            Hayu urang haturkeun puji sinareng sukur urang sadaya ka Allah SWT nu teu weleh maparinan kanikmatan boh nu karaos boh nu teu karaos. Allah nu parantos nyiptakeun urang sadaya tina kaayaan maot, tuluy dihirupkeun dina raraga ngadoja urang sadaya sangkan migawe pagawean anu hade. Sakmaha dawuhan Allah SWT di surat Al-Mulk ayat 2:
الذي خلق الموت و الحياة ليبلوكم أيكم أحسن عملا.
Hartosna: “Anjeuna (Allah) nu nyiptakeun maot jeung hirup sangkan ngadoja saha di antara maraneh anu amalna panghadena.”  (Q.S. Al-Mulk:2)
           
Salajengna shalawat sinareng salam mugia tetep dilungsurkeun ka junjunan urang, nyaeta Nabi Muhammad SAW, tur ka kulawargana, ka para sahabatna, sinareng ka sadaya nu tumut taat kana ajaranana. Amin ya Robbal ‘alamin.

            Para hadirin Jamaah Jum’at anu mulya.
            Hayu urang ningkatkeun kataqwaan ka Allah SWT ku jalaran tumut kana parentah-Na kalayan nebihan larangana-Na. Taqwa anu sabener-benerna taqwa, nu bakal ngabimbing urang kan kabagjaan hirup di duna sareng di aherat.

            Para hadirin sadaya. Diantawis hal anu penting kedah diperhatoskeun ku urang sadaya nyaeta perkawis NIAT. Niat nu janten pondasi sagala amal. Nabi Muhammad SAW ngadawuh dina salah sawios hadis nu diriwayatkeun ku Imam Bukhori di kitab Shohihna.

عن أمير المؤمنين أبي حفص عمر بن الخطاب رضي الله عنه قال: سمعت رسول الله صلى الله عليه وسلم يقول: إنما الأعمال بالنيات و إنما لكل امرئ ما نوى فمن كانت هجرته إلى الله ورسوله فهجرته إلى الله و رسوله ومن كانت هجرته لدنيا يصيبها أو امرأة ينكحها فهجرته إلى ما هاجر إليه. رواه البخاري.

Hartosna: “Ti Amiril mu’minin, Abi Hafsh, Umar Bin Khottob RA, anjena nyarita: kuring mireng Rasulullah SAW ngadawuh: ‘Sadaya amal gumantung kana niatna. Tiap manusa bakal kenging naon nu diniatkeunana. Saha anu hijrah niatna karna Allah jeung Rosulna, maka hijrahna kenging pahala ti Allah jeung Rosulna. Jeung saha jalma nu hijrah karna miharep kauntungan dunia atawa karna wanoja nu hoyong ditikahna, maka hijrahna saukur ngahasilkeun naon anu dinatkeunana” (H.R. Bukhori)

            Pentingna niat ieu ku para ulama dijantenkeun bab anu ka hiji dina sababaraha kitabna. Di antawisna kitab shohih Bukhori sareng kitab Riyadus Sholihin nempatkeun hadis tentang niat ieu di nomer anu ka hiji. Hadis tentang niat ieu oge janten dasar hiji kaidah fikih anu pokok. Nyaeta kaidah:
 الأمور بمقاصدها.

Hartosna: “sagala perkara gumantung kana niatna”.

Kaidah ieu mangrupikeun kaidah pokok anu mencakup hampir sadaya masalah fikih.

            Dina hadis nu tadi disebatkeun, Rrasulullah SAW ngajelaskeun ka urang sadaya yen sadaya amal atanapi pagawean gumantung kana niatna. Tuluy Rasul nyontokeun, ku hiji amal hade nu kacida beuratna, nyaeta hijrah. Pindah ti Mekah ka Madinah, ngantunkeun harta banda, kulawarga, pakaya, sinareng lemah cai tempat lahirna nu kacida dipikacinta. Dikantunkeun pindah ka hiji tempat anu tebih, bari jeung teu aman di jalan, tur teu acan puguh bakal kumaha di tempat tujuan. Pengorbanan nu kacida ageungna dina hijrah. Tangtu pahalana oge kacida ageungna. Tapi upami salah dina niatna, leungit eta pahala. Moal kenging nanaon, iwal ti sawates nu diniatkeun.

            Kitu deui contoh nu sejenna. Amalan nu katingalina ageung, tapi henteu aya nilaina di sisi Allah SWT, nyaeta amalna jalma-jalma munafik. Di zaman Rasulullah SAW, jalma-jalma munafik anu dipimpin ku Abdullah Bin Ubay Bin Salul, ngabangun hiji masjid tapi niatna henteu ikhlas karna Allah SWT, maka Allah SWT nyebutkeun dinu Al-qur’an eta masjid teh masjid Dhiror, tuluy Allah marentahkeun sangkan eta masjid dihancurkeun. Tapi di sisi lain, aya hiji sahabat Nabi nu dijamin ku Nabi janten ahli surga. Sihoreng eta jalmi amalanana saukur ngalaksanakeun kawajiban salaku jalma Islam sakumaha biasa, di tambah amalan sunnah alakadarna, tapi unggal wengi sateuacan sare, anjeuna rngabersihkeun hate tina sagala dendam, ngahampura, ngamaapkeun kalayan ihklas ka saha bae nu pernah dzolim ka anjeuna. Amalan anu hampir teu katingali tapi pahalana ngajamin surga.

Para Hadirin anu mulya.
            Niat ieu nu bakal nangtukeun kwalitas amal. Amal sholeh sakumaha ageungna, upami niatna salah, moal kenging pahala. Sholat, zakat, puasa, haji, jeung sajabana nu mangrupa amalan wajib sareng sunnah upami niatna henteu ikhlas karna Allah maka moal ditampi ku Allah SWT. Bahkan tiasa janten dosa, ku sabab kaancikan ku riya’, sum’ah atawa langkung bahaya ti eta nyaeta kacampur ku syirik. Sementara amalan anu sifatna mubah atanapi wenang, upami diniatan karna Allah, tiasa janten pahala. Misalna bae tuang sareng leueut upami diniatan nguatkeun badan sangkan sanggup ngalaksanakeun parentah Allah, maka bakal kenging pahala. Piknik atanapi jalan jalan upami diniatkeun tadabbur sareng tafakkur  kana ayat ayat kauniyah Allah maka bakal janten perjalanan anu kenging pahala. Kitu deui milari nafkah keur nyumponan kabutuhan keluarga, eta oge bakal dinilai pahala upami diniatkeun ikhlas karna tumut kana parentah Allah.

            Ku cara kieu urang sadaya tiasa ibadah saumur hirup urang. Nyaeta ku cara nganiatkeun naon bae anu dipilampah ku urang sadaya keur Allah SWT. Da urang moal mungkin sholat teu eureun eureun, atawa puasa teu buka buka. Urang moal serus terusan dina kaayaan ibadah mahdhoh. Mung ku cara ieu wungkul urang sadaya tiasa ngamalkeun ayat Al Qur’an :

وما خلقت الجن و الإنس إلا ليعبدون  (56)
Hartosna: “Kami henteu nyiptakeun jin jeung manusa iwalti keur ibadah ka kami.” (Q.S. Adz- Dzariyat: 56)

Sareng ayat:

قُلْ إِنَّ صَلَاتِي وَنُسُكِي وَمَحْيَايَ وَمَمَاتِي لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ (162)
Hartosna: “Geura ucapkeun Saenyana sholat kaula, ibadah kaula, hirup kaula, jeung maot kaula saukur keur Allah Pangeran sadaya alam.” (Q.S. Al-An’am: 162)

Ku kituna urang salaku jalma Islam diparentahkeun ngucapkeun bismillah dimana urang mulai hiji pagawean, nu tangtuna pagawean eta sanes kamaksiatan atawa kasia siaan nu diharamkeun atawa dimakruhkeun ku Allah.

            Para hadirin jamaah Jum’at anu mulya.
            Niat ieu nu bakal ngalanggengkeun urang di surga. Da upami urang ngandelkeun amal, moal cukup ngasupkeun urang ka surga komo deui ngalanggengkeunana. Disebutkeun dina kita Mujalasah wa Jawahirul ‘ilmi dina penjelasan hadis:

 نية المؤمن خير من عمله   
Hartosna: “Niat hiji jalma mu’min langkung hade batan amalna.

Jalma hirup di duna umurna terbatas, amalna oge terbatas saukur sababaraha puluh taun, tapi Allah SWT ngajanjikeun surga nu abadi teu aya batas. Ieu di dasarkeun kana niatna, nyaeta niat sapanjang hirup bakal ibadah ka Allah. Saumpama Allah maparinan umur henteu aya batasna, jalma mu’min bakal tetep janten hamba Allah. Niat ieu abadi, ngaleuwihan umur jalmi nu nganiatkeunana. Ku kituna Allah ngabales ku surga anu abadi sanajan amalna di dunia sukur sementara. Ieu saluyu sareng hadis Nabi:

فَمَنْ هَمَّ بِحَسَنَةٍ فَلَمْ يَعْمَلْهَا كَتَبَهَا اللَّهُ لَهُ عِنْدَهُ حَسَنَةً كَامِلَةً، فَإِنْ هُوَ هَمَّ بِهَا فَعَمِلَهَا كَتَبَهَا اللَّهُ لَهُ عِنْدَهُ عَشْرَ حَسَنَاتٍ إِلَى سَبْعِ مِائَةِ ضِعْفٍ إِلَى أَضْعَافٍ كَثِيرَةٍ.

Hartosna: “saha jalmi anu nganiatkeun kahadean tapi henteu dugi ka dilakonan maka Allah SWT parantos nyatet eta niat janten pahala hiji kahadean anu sampurna, sareng upami niat eta dugi ka diamalkeun maka Allah ngalipat gandakeun pahalanana janten sapuluh kahadean, malah dugi ka tujuh ratus kahadean atawa langkung seueur deui.” (H.R. Bukhari)

            Para hadirin sadaya.
            Ku kituna hayu urang sadaya terus ngahadirkeun niat dina sagala amal urang. Terus ngaluruskeun niat ikhlas karna Allah. Hayu urang jantenkeun amal ibadah nu wajib, nu sunnah, oge amal amal nu sifatna mubah janten ladang pahala ku niatna. Oge niatkeun hirup urang sadaya terus dina kaayaan Islam, janten hamba Allah salawasna, sakumaha dawuhan Allah:

يأيها الذين آمنوا اتقوا الله حق تقاتهه ولا تموتن إلا و أنتم مسلمون.

Hartosna: “Heuy jalma-jalma anu iman, geura taqwa ka Allah ku sabenerbenerna tawa, jeung ulah nepikeun ka maot iwal ti dina kaayaan Islam.” (Q.S. Ali Imron: 102)

أقول قولي هذا و أستغفر الله لي وكم و لوالدينا و لوالديكم و لمعلمينا و لمعلميكم و لسائر المسلمين و المسلمات و استغفروه إنه هو الغفور الرحيم.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar