BEKEL MAYUNAN BULAN ROMADON
بسم الله
الرحمن الرحيم
الحمد لله
الذي أرسل رسوله بالهدى و دين الحق ليظهره على الدين كله، وكفى به شهيدا. أشهد أن
لا إله إلا الله وحده لا شريك له و أشهد أن محمدا عبده و رسوله لا نبي بعده. فنصلي
و نسلم على سيدنا و نبينا محمد خاتم النبيين رحمة للعالمين، و على آله و أصحابه و من تبعهم بإحسان إلى يوم الدين. أما
بعد.
فيا أيها
الحاضرون، أوصيكم بتقوى الله وطاعته لعلكم تفلحون، فقد قال عز و جل في كتابه
الكريم: يأيها الذين آمنوا اتقوا الله حق تقاته ولا تموتن إلا و أنتم مسلمون.
Para Hadirin, jamaah Jum’at anu mulya.
Sadaya puji urang haturkeun ka Allah Robbul ‘izzati nu Maha Suci,
Pangeran sadaya alam, nu maparinan ka urang sadaya kanikmatan nu teu aya
papadana. Allah SWT nu masih maparinan ka urang umur pikeun nyampurnakeun
ibadah ka Anjeuna. Salajengna shalawat sinareng salam mugia ditetepkeun pikeun
junjunan urang, Nabi Muhammad SAW, Nabi nu kacida mulyana, hade basa tur
lampahna, nu janten wasilah pikeun kasalametan urang sadaya di dunia sareng
aherat. Mugia kasalametan oge dipaparinkeun ku Allah SWT pikeun kulawargana,
para sahabatna, oge pikeun urang sadaya nu janten ummatna. Amin Ya
Robbal’alamin.
Para Hadirin sadaya.
Dina kasempatan ieu khotib mepelingan ka diri pribadi hususna, oge ka
para hadirin sadaya umumna, pikeun ningkatkeun kataqwaan ka Allah SWT. Kumargi
taqwa eta hiji-hijina jalan nu bakal nyalametkeun urang, tur nu janten ukuran
darajat urang di payuneun Allah SWT. Sakumaha dawuhan Allah SWT dinu Al-Qur’an:
يأيها الناس
إنا خلقنكم من ذكروأنثى وجعلنكم شعوبا و قبائل لتعارفوا إن أكرمكم عند الله أتقاكم
إن الله عليم خبير . (الحجرات : 13)
Hartosna: “Heuy sadaya manusa,
saenyana Kami nyiptakeun maraneh ti lalaki jeung awewe, jeung Kami ngajadikeun
maraneh beda-beda suku jeung bangsa. Saenyana nu pang mulyana di antara maraneh mungguh
Kami nyaeta nu pang taqwa na. Saenyana Allah Maha uninga. (Q.S. Al-Hujurot: 13)
Kataqwaan oge mangrupikeun bekel nu panghadena pieun urang mayun ka
Allah SWT dina dinten aherat. Allah SWT ngadawuh:
وتزودا فإن
خير الزاد التقوى (البقرة: 197)
Hartosna: “Geura maraneh kabeh
nyiapkeun bekel, saenyana sahade-hadena bekel teh taqwa.” (Q.S. Al-Baqarah: 19)
Para hadirin, jamaah jum’at anu
mulya.
Di antawis sarana nu ku Allah SWT
sayogikeun pikeun urang supaya janten jalma anu taqwa nyaeta disyareatkeunana
puasa di Blan Romadhon. Bulan Romadhon anu bakal kasorang ku urang dina tilu
minggu ka payun, tujuan utamana nyaeta ngajantenkeun kaum muslimin janten
pribadi-pribadi anu taqwa. Sakumaha
disbutkeun dinu surat Al-Baqarah ayat 183:
يأيها الذين
آمنوا كتب عليكم الصيام كما كتب على الذين من قبلكم لعلكم تتقون.
Hartosna: “Heuy jalma-jalma nu iman, diwajibkeun pikeun maraneh
puasa, sakumaha parantos diwajibkeun ka jalma jalma saacan maraneh, supaya
maraneh taqwa.”
Ayat ieu ngajelaskeun ka urang sadaya pentingna bulan Ramadhan. Kumargi
bulan ieu sacara khusus dijantenkeun ku Allah SWT janten sarana pembinaan
pikeun pribadi muslim sangkan janten jalmi anu taqwa. Salajengna, upami urang nganggap sasih Ramadhan teh
penting pikeun kahirupan urang di dunia boh di aherat, maka urang kedah
ngarencanakeun tur nyiapkeun ti anggangna. Langkung penting hiji momen, tangtu
langkung seueur nu disiapkeun, langkung matang perencanaana. Kajaba upami urang
henteu nganggap Ramadhan teh momen anu penting, maka kumaha brehna bae taya
persiapan nanaon.
Dina nyiapkeun diri mayunan Ramadhan,
para ulama ngajarkeun ka urang hiji do’a nu sering diaos ti Bulan Rajab keneh.
Nyaeta : اللهم بارك لنا في رجب و شعبان
و بلغنا رمضان
Sajaba ti do’a, aya sababaraha
perkara oge nu kedah disiapkeun ku urang dina nyambut Ramadhan, supaya tujuan
Ramadhan, nyaeta ngajantenkeun pribadi anu taqwa, langkung gampil dihontal ku
urang. Diantawisna aya opat bekel anu kedah disiapkeun, nyaeta: Bekel Ruhani,
Bekel Ilmu, Bekel Harta, sareng bekel kasehatan.
Anu ka hiji. Bekel Ruhani الزاد الروحي nyaeta nyiapkeun rohani urang ku jalaran
ngaberesihkeun jiwa tinu dosa sareng kamaksiatan. Dosa dosa nu bakal
ngabeungbeuratan dina ngalakonan ibadah, nu bakal ngahambat kana semangat ngahamba
ka Allah SWT. Ti mimiti ayeuna, mumpung masih aya tilu minggu deui steuacan
Ramadhan, hayu urang seueurkeun istighfar, hayu urang tinggalkeun kamaksiatan,
tur tingkatkeun ibadah ka Allah SWT dina raraga ngalalanyah sateuacan Ramadhan.
Dosa jeung kamaksiatan bakal nurunkeun
iman, turunna iman bakal ngabeuratkeun kana ibadah. Sawangsulna ti eta,
beresihna jiwa, ningkatna kataatan, bakal ningkatkeun kaimanan, nu salajengna
bakal ngahampangkeun diri urang keur ibadah ka Allah SWT.
الإيمان يزيد و ينقص،
يزيد بالطاعة و ينقص بالمعصية
Hartosna: “Iman the nambahan sareng ngurangan. Nambahan ku taat,
ngurangan ku maksiat.”
Mugia ku beresihna jiwa urang ditambah ku ngalalanyah ibadah, urang
bakal ngaraos hampang dina ngalaksanakeun amal amal ibadah di Bulan Ramadhan.
Tur diharepkeun saba’da Ramadhan, semangat ibadah urang henteu tereh luntur
deui. Kumargi jiwa urang upami dikagetkeun ku ayana peningkatan ibadah nu tiba
tiba, biasana bakal langsung turun deui teu lami saparantosna rengse bulan
Romadhon.
Para hadirin sadaya. Aya hiji ungkapan nyaritakeun:
كونوا ربانيين و لا
تكونوا رمضانيين
Hartosna: “Geura janten jalmi jalmi nu Rabbaniy (ngahamba ka Allah),
tur ulah janten jalmi jalmi nu ngahamba na saukur di Bulan Ramadhan”.
Para hadirin sadaya.
Bekel anu kadua, nyaeta bekel ilmu الزاد العلمي . Penting pikeun urang sadaya nnyiapkeun bekel
ilmu dina mayunan sasih Ramadhan. Kumargi langkung seueur ilmu hiji jalmi, maka kasempatan kenging
pahala langkung ageung. Upami diibaratkeun mah sasih Ramadhan teh ibarat HP anu
canggih nu seueur fungsina, tapi sakumaha canggihna eta HP lamun jalmi nu
ngagunakeunana teu ngarti mah tangtu moal aya manfaatna. Contona nyatana bulan
Ramadhan teh Bulan Al Qur’an, pahala maos Al Qur’an dilipatgandakeun, diitung
huruf per hurufna. Dina hal ieu jalmi nu lancar maos Qur’an tangtu langkung
seueur kasempatan ngakhatamkeunana dibandingkeun jalmi nu kirang lancar. Sanaos
kitu, anu kirang lancar oge masih tetep kenging pahala. Ku
kituna hayu urang tingkatkeun ilmu agama urang, kaji deui fiqih puasa, fiqih
zakat, fiqih i’tikaf, fiqih taraweh, fadilah fadilah Ramadhan, lancarkeun maos
Al Qur’an jeung sajabana.
Para hadirin jamaah jum’at anu mulya.
Bekel anu katilu nyaeta bekel harta الزاد المالي . langkung sae pikeun urang
sadaya upami urang mempersiapkeun secara khusus sabagian tina rizki urang
pikeun Bulan Ramadhan. Supaya konsentrasi ibadah urang henteu diganggu ku
pangabutuh duniawi, utamana di akhir Ramadhan, upami tos caket ka
lebaran. Padahal akhir Ramadhan eta teh waktu dimana Allah SWT maparinan ka
urang sadaya kasempatan nu kacida ageungna pikeun bebas ti naraka. Bulan
ramadhan teh awalna rahmat, tengahna maghfirah, akhirna pembebasan ti naraka.
Kacida nyaahna upami kasempatan anu berharga ieu dugikeun ka leupas kusabab
sibuk ku masalah duniawi. Kacida rugina upami urang nepikeun kaliwat henteu
kenging kautamaan lailatulqodar lantaran urusan duniawi. Kumargi eta, hade pisan upami
urang parantos mempersiapkeun ti ayeuna naon bae hal hal duniawi nu kinten
kinten bakal ngaganggu kana konsentrasi Ibadah Urang di Bulan Ramadhan.
Para hadirin jamaah jum’at.
Bekel anu ka opat nyaeta bekel
jasmani anu sehat الزاد الجسدي . Bulan Ramadhan teh bulan nu bakal nguras tanaga, peryogi kakiatan fisik pikeun
ngalaksanakeun ibadah sacara optimal. Upami urang aya dina kaayaan teu damang atanapi kirang
vit, tangtu urang moal maksimal dina ibadahna. Asa ku nyaah, upami kasempaatan panen pahala
di bulan Ramadhan henteu tiasa diraih ku urang lantaran jasmani urang nu kirang
sehat. Ku kituna ngajaga kasehatan ti sateu acan lebet kana bulan Ramadhan eta
oge mangrupikeun bekel nu kedah disiapkeun ku urang. Di antawisna ku cara
ngajalankeun Pola Hidup Bersih dan Sehat (PHBS).
Langkung ti eta, dina salah sahiji hadis, Rasulullah SAW bgadawuh:
المؤمن القوي
خير و أحب إلى الله من المؤمن الضعيف و في كل خير.
Hartosna “Jalma
mu’min nu kuat langkung hade tur dipikacinta ku Allah SWT ti batan jalma mu’min
anu lemah, sanajan duanana hade.”
Para hadirin
sadaya.
Persiapan anu ku urang dilakukeun samemeh Ramadhan mugia janten amal
sholeh nu bakal ngajantenkeun Allah ridho ka urang, kusabab ayana persiapan eta
janten bukti yen urang gumbira tur seneng kadongkapan sasih anu agung, janten
cirri yen urang nganggap penting kana Ramadhan. Saupamina umur urang henteu
nepi ka Ramadhan, mudah mudahan parantos ditulis janten pahala ku sabab urang
parantos nyiapkeun diri nu hartosna parantos niat bade ibadah di bulan
ramadhan. Sing saha jalma nu nganiatkeun kahadean, tapi eta jalma henteu dugi
ngalakukeun eta kahadean, maka Allah parantos nyatet pikeun eta jalmi seolah
olah ngalakukeun kahadean eta sacara sempurna.
بارك الله لي
و لكم بما فيه من الآيات و الذكر الحكيم و استغفروه إنه هو الغفور الرحيم.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar