Rabu, 18 Maret 2020

Khutbah Jum'at (30 Desember 2016)



KHUTBAH KAHIJI

بسم الله الرحمن الرحيم
السلام عليكم ورحمة الله وبركاته

الحمد لله نحمده و نستعينه و نستغفره و نعوذ بالله من شرور أنفسنا و من سيئات أعمالنا من يهدي الله فلا مضل له ومن يضلل فلا هادي له. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له و أشهد أن محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. اللهم صل و سلم على المبعوث رحمة للعالمين نبينا محمد و على آله و أصحابه و من سار على نهجه إلى يوم الدين. أما بعد...

فيا أيها الحاضرون،أوصيكم و إياي بتقوى الله فقد فاز المتقون. اتقوا الله حق تقاته بامتثال أوامره واجتناب نواهيه؛ فقد قال الله تعالى: ((يأيها الذين آمنوا اتقوا الله حق تقاته و لا تموتن إلا و أنتم مسلمون)). و قال النبي صلى الله عليه وسلم: ((اتق الله حيثما كنت و أتبع السيئة الحسنة تمحها و خالق الناس بخلق حسن)).

معاشر المسلمين، قال الله تعالى في كتابه الكريم: ((لقد جاءكم رسول من أنفسكم عزيز عليه ما عنتم حريص عليكم بالمؤمنين رؤوف رحيم)) صدق الله العظيم، و بلغ رسوله الكريم و نحن على ذك من الشاهدين.

Para Hadirin, sidang Jum’ah nu dimuliakeun ku Allah SWT!
Saparantosna urang manjatkeun puji sinareng sukur ka hadirat Allah SWT, kalayan shalawat sinareng salam mugia tetep dilungsurkeun ka kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, ka para sahabatna, katut urang sadaya anu miharep diangken janten ummat anjeunna dugi ka ahir jaman. Amin Ya Robbal’alamin.

Salajengna, simkuring salaku khotib ngawasiatkeun ka diri pribadi simkuring hususna, ummna ka jamaah Jum’at sadayana pikeun ningkatkeun kataqwaan urang ka Allah SWT, ku jalaran numutan parentah-Na sareng nebihan larangan-Na. Kataqwaan nu sabener-benerna taqwa, nu bakal nganteurkeun urang dugi ka ajal, supanten urang maot dina kaayaan Muslim, sakumaha dawuh Allah SWT dinu Qur’an:

"يأيها الذين آمنوا اتقوا الله حق تقاته و لا تموتن إلا و أنتم مسلمون"

Hartosna: “Heuy jalma-jalma nu iman, geura anjeun sadaya taqwa ka Allah nu sabener-benerna taqwa, jeung poma ulah maot anjeun sadaya iwal ti anjeun dina kaayaan muslim.” (QS. Ali Imron:102 )

Para Hadirin, sidang Jum’ah nu dimuliakeun ku Allah SWT!
Urang ayeuna nembe nincak kaping hiji sasih Robiul akhir, anu mana sasih kamari urang nembean mepeling dinten wedalna kanjeng Nabi Muhammad SAW, dina sasih Mulud atanapi Robi’ul Awwal. Salaku ummat Islam anu ngimanan kana kanabian jeung karosulan anjeunna, tangtu urang bingah jeung bagja ku lahirna junjungan urang sadaya.

Kalihna ti eta, urang sadaya pastina miharep diangken ku Nabi Muhammad SAW janten ummatna, oge miharep kana syafaatna di yaumil akhir.

Nabi Muhammad SAW teh nyaeta hiji jalma anu leber ku rasa cinta jeung sayang ka ummatna. Sakumaha dawuhan Allah SWT :

((لقد جاءكم رسول من أنفسكم عزيز عليه ما عنتم حريص عليكم بالمؤمنين رؤوف رحيم))
Hartosna: “Saenyana parantos dugi ka anjeun sadaya hiji utusan (Rosul) ti diri anjeun (bangsa manusa) nu ngarasa beurat hatena upami anjeun susah, jeung sumanget pisan (mere pituduh) ka anjeun, kalayan khusus ka jalma-jalma mu’min, anjeuna teh leuleuy jeung mikaasih.” (Q.S. At-Taubah: 128)

Pun kitu deui upami urang ngalenyepan kisah Nabi di akhir hayatna, nu mana anjeunna ngadawuh: Ummatii... ummatii... nu dipikainget teh ummatna.

Ageungna cinta Rosul ka ummatna henteu diragukeun deui, nanging patarosan anu salajengna nyaeta. Pantes henteu urang diaku jadi bagian ummatna? Bakal diwawuhan moal urang teh ku kanjeng Nabi engke jaga di akheratna? Atanapi urang bakal kenal henteu ka Nabi Muhammad SAW engke di padang mahsyar? Ku sabab urang teu pernah patepung lawung paamprok jonghok jeung anjeunna?

Para hadirin, jamaah jum’at nu dimulyakeun ku Allah SWT!
Sangkan urang diangken janten ummat Rasulullah SAW, urang kedah apal kana syarat-syaratna nu wajib dalakonan ku urang. Supaya urang kenal ka Nabi Muhammad SAW, sanajan teu pernah ningali salirana di dunia. Supaya ruh urang saluyu jeung ruh Nabi SAW, kumargi nu namina arwah eta sapertos tentara nu dikelompok-kelompokkeun. Sakumaha digambarkeun dina slah sawios hadis Nabi:

الأرواح جنود مجندة ما تعرف منها ائتلف و ما تعرف منها اختلف (رواه مسلم)
Hartosna: “Arwah teh saumpama tentara nu dikelompok-kelompokkeun, nu saling mengenal bakal ngumpul, nu henteu saling mengenal bakal papisah.” (H.R. Muslim)

Di antawis kawajiban urang ka Rasulullah SAW nu dimaksad nyaeta:

1.    Percanten ka risalahna
Percanten atanapi ngimankeun kana risalahna, nyaeta percaya yen Nabi Muhammad SAW teh utusan Allah nu terakhir. Teu aya deui Rosul saparantosna. Ngimankeun Nabi Muhammad SAW teh nampi wahyu ti Allah SWT nu disebut Al-Qur’an. Al-Qur’an mangrupikeun dawuhan Allah nu didugikeun ka Nabi Muhammad SAW ku malaikat Jibril. Ku kituna, urang salaku Muslim, kedah percanten kana hal eta. Teu kenging aya kayakinan yen Al-Qur’an saukur dawuhan Nabi.
Kitu deui Sunnah atanapi Hadis, eta oge wahyu ti Allah, nu wajib diyakini ku urang sadaya janten sumber hukum Islam. Sadaya ucapan, laku lampah, jeung ketetapan Nabi eta sumberna ti Allah nu wajib diimanan ku urang jeung diamalkeun.

2.    Ngagungkeun Rosul
Kawajiban anuka dua nyaeta ngagungkeun pribadi Nabi Muhammad SAW. Salaku jalmi Islam, tos sakuduna urang ngagungkeun Nabi Muhammad SAW. Kumargi Al-Qur’an muji pribadi Nabi:

و إنك لعلى خلق عظيم
Hartosna: “Saenyana anjeun (Muhammad) aya dina akhlaq nu pang mulyana.” (QS. Al-Qalam:4)

Salian ti eta, kaum kafir Quraisy oge muji kana kahadean akhlaq Rosul. Dina sejarah, Nabi Muhammad sateuacanna diangkat janten Rosul, dipuji kamulyaan akhlaqna, nepikeun ka digelaran Al-Amin (nu beunang dipercaya).

Al-qur’an muji tur ngagungkeun Rosul, kaum kafir Quraisy muji kana akhlaq Rosul. Maka, leuwih wajib pikeun urang nu hoyong diangken janten ummatna keur ngagungkeun Rosul.

3.    Cinta ka pribadina
Nu ka tilu, cinta ka Rosul. sakumaha dina ayat nu parantos disebutkeun tadi, Nabi mah pasti cinta ka ummatna, komo deui ka kaum mu’minin. Ayeuna kantun urang, cinta atawa henteu ka Nabi?

4.    Cinta ka jalma-jalma nu dipikacinta ku anjeuna
Nu ka opat, cinta ka jalma-jalma jeung naon bae nu dipikacinta ku Nabi. Di antara jalma-jalma nu dipikacinta ku nabi nyaeta para sahabatna. Ku kituna urang kedah cinta ka sahabat-sahabat Nabi. Cinta ka nu ngajalankeun sunnah Nabi.

5.    Ngamumule sunnahna
Nu ka lima, ngamumule atanapi ngahirupkeun sunnah Nabi. Nabi SAW parantos dijantenkeun ku Allah SWT janten model (uswatun hasanah) nu laku lampahna janten contoh pikeun ummat Islam. Sadaya kahirupan Nabi tiasa dipiconto ku saha bae. Nabi salaku bagian ti masyarakat, Nabi salaku kepala rumah tangga, Nabi salaku kepala negara, sadayana eta mangrupikeun sunnah nu ku urang tiasa diturutan. Nabi parantos ngajarkeun sunnah-sunnah ti mimiti lebet ka WC nepi ka adab di masjid. Nabi ngajarkeun ti mimiti bersin nepi ka ngurus nagara, ngajarkeun masalah hubungan suami-istri nepi ka hubungan hamba jeung Tuhan. Sunnah mangrupikeun tuntunan lengkap kahirupan urang salaku jalma Islam.

لقد كان لكم في رسول الله أسوة حسنة لمن كان يرجو الله و اليوم الآخر و ذكر الله كثيرا.
Hartosna: “saenyana parantos aya dina diri Rosulullah suri teladan nu hade, pikeun jalma nu miharep karidhoan Allah jeung poe akherat, tur loba dzikir ka Allah SWT.” (QS. Al-Ahzab: 21)

6.    Nyeueurkeun maos sholawat
Nu salajengna nyaeta urang kedah seueur maos sholawat, boh sosoranganan atanapi berjamaah. Shalawat mangrupikeun bukti cinta urang ka rosul, oge mangrupikeun wujud terima kasih ka rosul. Saha jalmi nu disebut Nami Rrosul Muhammad SAW, tuluy henteu maos sholawat, maka eta jalmi teh pang bakhilna. Shalawat teh amalan nu hampang ngalakukeunana, tapi ageung pahalana. Saking agungna shalawat, Allah jeung malaikat oge shalawat ka Nabi.
إن الله و ملائكته يصلون على النبي يأيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.
Hartosna: “Saenyana Allah jeung Malaikatna, shalawat ka Nabi. Heuy jalma-jalma nu Iman geura ucapkeun shalawat ka Nabi sinareng salam.” (QS. Al-Ahzab: 56)

7.    Ngawariskeun ajaranana
Nu ka tujuh, kawajiban urang sangkan diangken janten ummat Nabi nyaeta urang kedah ngawariskeun ajaranana ku jalaran ngajarkeun ajaran-ajaran Nabi ka generasi muda. Ngajarkeun Islam ka barudak urang, ngajarkeun sunnah-sunnahna ka generasi nu bakal ngagantikeun urang saparantosna urang mulih ka rohmatullah. Sangkan ajaran Nabi jumeneng, henteu leungit atawa jadi perkara anu asing.
Di antawisna nu kalebet ngamumule ajaran Nabi oge urang ngenalkeun ka barudak urang tentang kalender Hijriyah. geura urang taroskeun ka barudak. Apakah apal kana nami-nami Bulan hijriyah? mana nu leuwih diapal ku barudak, tahun masehi atawa tahun hijriyah? Padahal tahun Hijriyah teh itungan tahun nu diajarkeun ku Nabi, nu patali jeung prak-prakan Ibadah urang. Urang Puasa, haji, zakat mal, sholat idul fitri, idul adha, eta sadaya patokanana tahun Hijriyah, sanes Masehi.

8.    Ngabela ajaranana
Nu salajengna, urang kedah siap ngabela ajaranana. Urang salaku ummat Islam kedah aya kontribusi dina ngabela sareng ngamumule ajaran Islam.

Para Hadirin jamaah jum’ah nu dimuliakeun ku Allah SWT...
Eta diantawisna nu wajib kuurang dilakonan supanten urang berhak kenging cinta ti Nabi Muhammad SAW, kenging syafaatna engke jaga di yaumil akhir.

Mugia khutbah ieu aya manfaatna, khususna ka diri khotib, umumna ka hadirin sadaya.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَالْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ 



KHUTBAH KADUA

الحمد لله الذي أرسل رسوله بالهدى و دين الحق ليظهره على الدين كله، و كفى بالله شهيدا. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له و أشهد أن محمدا عبده و رسوله لا نبي بعده. اللهم صل و سلم و بارك و أنعم على نبينا محمد و على آله و صحبه أجمعين. أما بعد...

فَيَااَ يُّهَاالنَّاسُ !! اِتَّقُوااللهَ تَعَالىَ. وَذَرُوالْفَوَاحِشَ مَاظَهَرَ منها وَمَابَطَنْ. وَحَافِظُوْاعَلىَ الطَّاعَةِ وَحُضُوْرِ الْجُمْعَةِ وَالْجَمَاعَةِ. وَاعْلَمُوْااَنَّ اللهَ اَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَفِيْهِ بِنَفْسِهِ. وَثَنَّى بِمَلاَئِكَةِ قُدْسِهِ. فَقَالَ تَعَالىَ وَلَمْ يَزَلْ قَائِلاًعَلِيْمًا: اِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِىْ يَاَ يُّهَاالَّذِيْنَ آمَنُوْاصَلُّوْاعَلَيْهِ وَسَلِّمُوْاتَسْلِيْمًا. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. كَمَاصَلَّيْتَ عَلىَ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلىَ اَلِ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ. في ِالْعَالَمِيْنَ اِنَّكَ حَمِيْدٌمَجِيْدٌ.

اَللّهُمَّ وَارْضَ عَنِ الْخُلَفَاءِالرَّاشِدِيْنَ سَيّدِنَا اَبِى بَكْرٍ وَعُمَرَ وَعُثْمَانَ وَعَلِيٍّ وَعَنْ سَائِرِاَصْحَابِ نَبِيِّكَ اَجْمَعِيْنَ وَعَنِ التَّابِعِيْنَ وَتَابِعِى التَّابِعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلىَ يَوْمِ الدِّيْنِ.

اَللّهُمَّ اغْفِرْلِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَاوَاهِبَ الْعَطِيَّاتِ. اَللّهُمَّ ادْفَعْ عَنَّاالْغَلاَءَ وَالْوَبَاءَ وَالزِّنَا وَالزَّلاَزِلَ وَالْمِحَنَ. وَسُوْءَالْفِتَنِ مَاظَهَرَمِنْهَا وَمَابَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا هَذَاخَاصَّةً وَعَنْ سَائِرِبَلاَدِالْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً يَارَبَّ الْعَالَمِيْنَ. رَبَّنَااَتِنَافِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلاَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.

عِبَادَالله اِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِالْعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَاِيْتَاءِذِى الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْىِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ فَاذْكُرُوااللهَ الْعَظِيْمِ يذكركم وَاشْكُرُوهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ. وَلَذِكْرُاللهِ اَكْبَرُ
               

Khutbah Jum'at (31 Maret 2017)



بسم الله الرحمن الرحيم
إن الحمد لله نحمده و نستعينه و نستهديه و نستغفره و نتوب إليه و نتوكل عليه،فإنه هو الغفور الرحيم و يتوكل عليه المتوكلون. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له و أشهد أن محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. و نصلي و نسلم على أفضل الخلق رحمة للعالمين نبينا محمد و على آله و صحبه و من تبعهم بإحسان إلى يوم الدين. أما بعد...
فيا أيها الحاضرون، أوصيكم و إياي بتقوى الله فقد فاز المتقون. و قال الله تعالى ((يأيها الذين آمنوا اتقوا الله حق تقاته و لا تموتن إلا و أنتم مسلمون)) و قال أيضا: ((و توبوا إلى الله جميعا أيه المؤمنون لعلكم تفلحون))  وقال: ((قل ياعبادي الذين أسرفوا على أنفسهم لا تقنطوا من رحمة الله إن الله يغفر الذنوب جميعا إنه هو الغفور الرحيم)).

Para hadirin sidang Jum’ah nu dimuliakeun ku Allah SWT.
 Saparantosna urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Allah SWT. Shalawat katut salam ka junjungan urang sadaya Nabi anu agung Muhamad SAW, ka kulawargana, ka para sahabatna, sareng ka sadaya ummatna dugi ka ahir jaman. Amin Ya Robbal alamin.

Salajengna khotib ngawasiatkeun ka diri pribadi khotib nyalira kalayan para hadirin sadaya pikeun ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Allah SWT. Kumargi jalma-jalma anu taqwa eta jalma anu bakal kenging kabagjaan dunia sareng aherat.

Para hadirin sidang Jum’ah nu dimliakeun ku Allah SWT.
Urang salaku manusa biasa tangtu teu leupas tina salah atawa dosa. Manusa sakumaha didawuhkeun ku Nabi Muhammad SAW:
كل بني آدم خطاؤون و خير الخطائين التوابون.
Hartosna: “Sakabeh anak Adam teh ngalakukeun kasalahan. Jeung sahade-hadena jalma nu ngalakukeun kasalahan, nyaeta nu daek tobat”

Ku kituna, para hadirin sadaya, hayu urang menta panghampura ka Allah SWT tina naon bae lampah anu salah anu pernah dilakukeun ku urang, ku jalaran taubat. Taubat anu sabener-benerna, nu disebut taubatan nasuha. Sakumaha dawuh Allah SWT:

يأيها الذين آمنوا توبوا إلى الله توبة نصوحا...
Hartosna: “Heuy jalma-jalma nu iman, geura taubat ka Allah ku taubatan nasuha (taubat anu sabener-benerna)” (Q.S. At Tahrim : 8)

Para hadirin siding jum’ah nu dimuliakeun ku Allah SWT.
Taubat mangrupikeun amalan anu kacida agungna. Allah SWT kacida mikacinta ka jalma nu daek taubat, saking gumbirana tur senengna Allah SWT ka jalma anu ngalakukeun taubat, digambarkeun dina salah sahiji hadis Nabi Muhammad SAW nu diriwayatkeun ti ‘Abdullah Bin Mas’ud: Allah SWT leuwih bungah ku hamba-Na nu taubat ti batan jalma nu kaleungitan ontana jeung sagala barang bawaanana di padang pasir, nepikeun ka putus asa neanganana. Terus eta jalma masrahkeun nasibna, pasti bakal maot di dinya. tapi sapada harita, tiba-tiba eta onta datang deui lengkap jeung sagala barang bawaanana. Tangtu eta jalma kacida bungah jeung gumbira na. Malah dina salah sahiji riwayat, eta jalma nepikeun ka salah ngucap syukur ka Allah lantaran ku bungah nu teu aya papadana, manehna nyarita: Ya Allah, Anjeun teh hamba kuring, kuring tuhan Anjeun.” Tah, Allah SWT langkung bungah ti eta jalma nu dicaritakeun dina hadis tadi ku taubatna hiji jalma anu iman.

Para hadirin sidang jum’ah nu dimuliakeun ku Allah SWT.
Karidhoan Allah SWT anu ageung eta bakal diraih upama taubatna nyukupan kana syarat-syaratna. Syarat-syarat taubat sangkan janten taubatan nasuha diantawisna nyaeta:

1.       Ikhlas karna Allah SWT
2.       Ngarasa hanjakal tur sieun kana adzab Allah SWT
3.       Ninggalkeun maksiat atawa dosa nu sok dilakukeun secara total
4.       Nekadkeun hate moal ngalakukeun deui, jeung henteu pernah aya pikiran bakal ngalakukeun deui
5.       Taubat eta dilakukeun dina waktu ditarimana taubat, nyaeta sateuacan nyawa aya dinu genggerong atawa sateuacan panonpoe bijil ti tempat surupna, cirining poe kiamat

Para hadirin sidang jum’ah nu dimuliakeu ku Allah SWT.
Hayu urang sadaya buru-buru taubat ka Allah SWT ti nu sagala dosa. Ulah talangke ulah diengke-engke. Sateuacan nyawa urang dicabut ku Allah SWT. Sakumaha dawuhan Allah SWT:
إنما التوبة على الله للذين يعملون السوء بجهالة ثم يتوبون من قريب فأولئك يتوب الله عليهم و كان الله عليما حكيما. و ليست التوبة للذين يعملون السيئات حتى إذا حضر أحدهم الموت قال إني تبت الآن و لا الذين يموتون وهم كفار أولئك أعتدنا لهم عذابا أليما. (النساء: 17-18)
Hartosna: “Saenyana taubat anu bakal ditampi ku Allah SWT teh nyaeta saukur taubatna jalma-jalma nu ngalakukeun kasalahan tuluy maranehna buru-buru taubat. Eta jalma-jalma nu bakal dihampura ku Allah SWT, Allah Maha uninga tur Maha bijaksana. Jeung taubat teh lain pikeun jalma-jalma nu ngalakukeun kasalahan-kasalahan, nepikeun kadongkapan maot, kakara manehna taubat, atawa jalma anu maot dina kaayaan kafir. Eta jalma-jalma bakal dijanjikeun ku Kami adzab anu peurih. (Q.S. An-Nisa ayat 17-18)

Para hadirin nu dimuliakeun ku Allah SWT.
Hayu urang ngabersihkeun diri, nyucikeun jiwa ku taubat tina sagala dosa di bulan Rajab ieu. Hayu urang jadikeun bulan Rajab janten bulan persiapan nyanghareupan bulan Ramadhan, nu Insya Allah kantun dua bulan deui.
Jadikeun Bulan Rajab Bulan taubat, saterasna bulan Sya’ban dijantenkeun bulan ningkatkeun atawa ngabiasakeun amal shalih, supaya dina waktosna urang lebet kana bulan Ramadhan, urang parantos siap panen pahala sareng kautamaan Ramadhan.

اللهم بارك لنا في رجب و شعبان و بلغنا رمضان.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ. 


الخطبة الثانية
الحمد لله الذي أرسل رسوله بالهدى و دين الحق ليظهره على الدين كله، و كفى بالله شهيدا. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له و أشهد أن محمدا عبده و رسوله لا نبي بعده. اللهم صل و سلم و بارك و أنعم على نبينا محمد و على آله و صحبه أجمعين. أما بعد...
فَيَا أيها الحاضرون!! اِتَّقُوااللهَ تَعَالىَ. وَذَرُوالْفَوَاحِشَ مَاظَهَرَ منها وَمَابَطَنْ. و توبوا إلى الله جميعا أيه المؤمنون لعلكم تفلحون. وَحَافِظُوْاعَلىَ الصلوات و الصلاة الوسطى وقوموا لله قانتين. وَاعْلَمُوْااَنَّ اللهَ اَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَفِيْهِ بِنَفْسِهِ. وَثَنَّى بِمَلاَئِكَةِ قُدْسِهِ. فَقَالَ تَعَالىَ وَلَمْ يَزَلْ قَائِلاًعَلِيْمًا: اِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِىْ يَاَ يُّهَاالَّذِيْنَ آمَنُوْاصَلُّوْاعَلَيْهِ وَسَلِّمُوْاتَسْلِيْمًا.
 اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. كَمَاصَلَّيْتَ عَلىَ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلىَ اَلِ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ. في ِالْعَالَمِيْنَ اِنَّكَ حَمِيْدٌمَجِيْدٌ.
وَارْضَ اَللّهُمَّ عَنِ أربعة الْخُلَفَاءِالرَّاشِدِيْنَ سَيّدِنَا اَبِى بَكْرٍ وَعُمَرَ وَعُثْمَانَ وَعَلِيٍّ وَعَنْ سَائِرِاَصْحَابِ نَبِيِّكَ اَجْمَعِيْنَ وَعَنِ التَّابِعِيْنَ وَتَابِعِى التَّابِعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلىَ يَوْمِ الدِّيْنِ.
اَللّهُمَّ اغْفِرْلِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ بِرَحْمَتِكَ يا أرحم الراحمين. اَللّهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْغَلاَءَ وَالْوَبَاءَ وَالزِّنَا وَالزَّلاَزِلَ وَ الْمِحَنَ. وَسُوْءَالْفِتَنِ مَاظَهَرَ مِنْهَا وَمَابَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا هَذَاخَاصَّةً وَعَنْ سَائِرِ بَلاَدِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً يَارَبَّ الْعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا اَتِنَافِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلاَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
عِبَادَالله اِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِالْعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَاِيْتَاءِذِى الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْىِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ فَاذْكُرُوااللهَ الْعَظِيْمِ يذكركم وَاشْكُرُوهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ. وَلَذِكْرُاللهِ اَكْبَرُ.