KHUTBAH KAHIJI
بسم
الله الرحمن الرحيم
السلام
عليكم ورحمة الله وبركاته
الحمد
لله نحمده و نستعينه و نستغفره و نعوذ بالله من شرور أنفسنا و من سيئات أعمالنا من
يهدي الله فلا مضل له ومن يضلل فلا هادي له. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك
له و أشهد أن محمدا عبده ورسوله لا نبي بعده. اللهم صل و سلم على المبعوث رحمة
للعالمين نبينا محمد و على آله و أصحابه و من سار على نهجه إلى يوم الدين. أما
بعد...
فيا
أيها الحاضرون،أوصيكم و إياي بتقوى الله فقد فاز المتقون. اتقوا الله حق تقاته
بامتثال أوامره واجتناب نواهيه؛ فقد قال الله تعالى: ((يأيها الذين آمنوا اتقوا
الله حق تقاته و لا تموتن إلا و أنتم مسلمون)). و قال النبي صلى الله عليه وسلم: ((اتق
الله حيثما كنت و أتبع السيئة الحسنة تمحها و خالق الناس بخلق حسن)).
معاشر
المسلمين، قال الله تعالى في كتابه الكريم: ((لقد جاءكم رسول من أنفسكم عزيز عليه
ما عنتم حريص عليكم بالمؤمنين رؤوف رحيم)) صدق الله العظيم، و بلغ رسوله الكريم و
نحن على ذك من الشاهدين.
Para Hadirin, sidang Jum’ah nu dimuliakeun ku Allah SWT!
Saparantosna urang manjatkeun puji sinareng sukur ka hadirat Allah SWT, kalayan
shalawat sinareng salam mugia tetep dilungsurkeun ka kanjeng Nabi Muhammad SAW,
ka kulawargana, ka para sahabatna, katut urang sadaya anu miharep diangken
janten ummat anjeunna dugi ka ahir jaman. Amin Ya Robbal’alamin.
Salajengna, simkuring salaku khotib ngawasiatkeun ka diri pribadi
simkuring hususna, ummna ka jamaah Jum’at sadayana pikeun ningkatkeun kataqwaan
urang ka Allah SWT, ku jalaran numutan parentah-Na sareng nebihan larangan-Na.
Kataqwaan nu sabener-benerna taqwa, nu bakal nganteurkeun urang dugi ka ajal,
supanten urang maot dina kaayaan Muslim, sakumaha dawuh Allah SWT dinu Qur’an:
"يأيها الذين آمنوا اتقوا الله حق تقاته و لا تموتن إلا و
أنتم مسلمون"
Hartosna: “Heuy jalma-jalma nu iman, geura anjeun sadaya taqwa ka Allah
nu sabener-benerna taqwa, jeung poma ulah maot anjeun sadaya iwal ti anjeun
dina kaayaan muslim.” (QS. Ali Imron:102 )
Para Hadirin, sidang Jum’ah nu dimuliakeun ku Allah SWT!
Urang ayeuna nembe nincak kaping hiji sasih Robiul akhir, anu mana sasih
kamari urang nembean mepeling dinten wedalna kanjeng Nabi Muhammad SAW, dina
sasih Mulud atanapi Robi’ul Awwal. Salaku ummat Islam anu ngimanan kana
kanabian jeung karosulan anjeunna, tangtu urang bingah jeung bagja ku lahirna
junjungan urang sadaya.
Kalihna ti eta, urang sadaya pastina miharep diangken ku Nabi Muhammad
SAW janten ummatna, oge miharep kana syafaatna di yaumil akhir.
Nabi Muhammad SAW teh nyaeta hiji jalma anu leber ku rasa cinta jeung
sayang ka ummatna. Sakumaha dawuhan Allah SWT :
((لقد جاءكم رسول من أنفسكم عزيز عليه ما عنتم حريص عليكم
بالمؤمنين رؤوف رحيم))
Hartosna: “Saenyana parantos dugi ka anjeun sadaya hiji utusan (Rosul) ti
diri anjeun (bangsa manusa) nu ngarasa beurat hatena upami anjeun susah, jeung sumanget
pisan (mere pituduh) ka anjeun, kalayan khusus ka jalma-jalma mu’min, anjeuna
teh leuleuy jeung mikaasih.” (Q.S. At-Taubah: 128)
Pun kitu deui upami urang ngalenyepan kisah Nabi di akhir hayatna, nu
mana anjeunna ngadawuh: Ummatii... ummatii... nu dipikainget teh ummatna.
Ageungna cinta Rosul ka ummatna henteu diragukeun deui, nanging patarosan
anu salajengna nyaeta. Pantes henteu urang diaku jadi bagian ummatna? Bakal
diwawuhan moal urang teh ku kanjeng Nabi engke jaga di akheratna? Atanapi urang
bakal kenal henteu ka Nabi Muhammad SAW engke di padang mahsyar? Ku sabab urang
teu pernah patepung lawung paamprok jonghok jeung anjeunna?
Para hadirin, jamaah jum’at nu dimulyakeun ku Allah SWT!
Sangkan urang diangken janten ummat Rasulullah SAW, urang kedah apal kana
syarat-syaratna nu wajib dalakonan ku urang. Supaya urang kenal ka Nabi
Muhammad SAW, sanajan teu pernah ningali salirana di dunia. Supaya ruh urang
saluyu jeung ruh Nabi SAW, kumargi nu namina arwah eta sapertos tentara nu
dikelompok-kelompokkeun. Sakumaha digambarkeun dina slah sawios hadis Nabi:
الأرواح
جنود مجندة ما تعرف منها ائتلف و ما تعرف منها اختلف
(رواه مسلم)
Hartosna: “Arwah teh saumpama tentara nu dikelompok-kelompokkeun, nu
saling mengenal bakal ngumpul, nu henteu saling mengenal bakal papisah.” (H.R.
Muslim)
Di antawis kawajiban urang ka Rasulullah SAW nu dimaksad nyaeta:
1.
Percanten ka risalahna
Percanten atanapi ngimankeun kana risalahna, nyaeta percaya yen Nabi
Muhammad SAW teh utusan Allah nu terakhir. Teu aya deui Rosul saparantosna.
Ngimankeun Nabi Muhammad SAW teh nampi wahyu ti Allah SWT nu disebut Al-Qur’an.
Al-Qur’an mangrupikeun dawuhan Allah nu didugikeun ka Nabi Muhammad SAW ku
malaikat Jibril. Ku kituna, urang salaku Muslim, kedah percanten kana hal eta.
Teu kenging aya kayakinan yen Al-Qur’an saukur dawuhan Nabi.
Kitu deui Sunnah atanapi Hadis, eta oge wahyu ti Allah, nu wajib diyakini
ku urang sadaya janten sumber hukum Islam. Sadaya ucapan, laku lampah, jeung
ketetapan Nabi eta sumberna ti Allah nu wajib diimanan ku urang jeung
diamalkeun.
2.
Ngagungkeun Rosul
Kawajiban anuka dua nyaeta ngagungkeun pribadi Nabi Muhammad SAW. Salaku
jalmi Islam, tos sakuduna urang ngagungkeun Nabi Muhammad SAW. Kumargi
Al-Qur’an muji pribadi Nabi:
و
إنك لعلى خلق عظيم
Hartosna: “Saenyana anjeun (Muhammad) aya dina akhlaq nu pang mulyana.”
(QS. Al-Qalam:4)
Salian ti eta, kaum kafir Quraisy oge muji kana kahadean akhlaq Rosul.
Dina sejarah, Nabi Muhammad sateuacanna diangkat janten Rosul, dipuji kamulyaan
akhlaqna, nepikeun ka digelaran Al-Amin (nu beunang dipercaya).
Al-qur’an muji tur ngagungkeun Rosul, kaum kafir Quraisy muji kana akhlaq
Rosul. Maka, leuwih wajib pikeun urang nu hoyong diangken janten ummatna keur
ngagungkeun Rosul.
3.
Cinta ka pribadina
Nu ka tilu, cinta ka Rosul. sakumaha dina ayat nu parantos disebutkeun
tadi, Nabi mah pasti cinta ka ummatna, komo deui ka kaum mu’minin. Ayeuna
kantun urang, cinta atawa henteu ka Nabi?
4.
Cinta ka jalma-jalma nu dipikacinta ku anjeuna
Nu ka opat, cinta ka jalma-jalma jeung naon bae nu dipikacinta ku Nabi. Di
antara jalma-jalma nu dipikacinta
ku nabi nyaeta para
sahabatna. Ku kituna urang kedah cinta ka sahabat-sahabat Nabi. Cinta ka nu
ngajalankeun sunnah Nabi.
5.
Ngamumule sunnahna
Nu ka lima, ngamumule atanapi ngahirupkeun sunnah Nabi. Nabi SAW parantos
dijantenkeun ku Allah SWT janten model (uswatun hasanah) nu laku lampahna
janten contoh pikeun ummat Islam. Sadaya kahirupan Nabi tiasa dipiconto ku saha
bae. Nabi salaku bagian ti masyarakat, Nabi salaku kepala rumah tangga, Nabi
salaku kepala negara, sadayana eta mangrupikeun sunnah nu ku urang tiasa
diturutan. Nabi parantos ngajarkeun sunnah-sunnah ti mimiti lebet ka WC nepi ka
adab di masjid. Nabi ngajarkeun ti mimiti bersin nepi ka ngurus nagara,
ngajarkeun masalah hubungan suami-istri nepi ka hubungan hamba jeung Tuhan.
Sunnah mangrupikeun tuntunan lengkap kahirupan urang salaku jalma Islam.
لقد
كان لكم في رسول الله أسوة حسنة لمن كان يرجو الله و اليوم الآخر و ذكر الله
كثيرا.
Hartosna: “saenyana parantos aya dina diri Rosulullah suri teladan nu
hade, pikeun jalma nu miharep karidhoan Allah jeung poe akherat, tur loba
dzikir ka Allah SWT.” (QS. Al-Ahzab: 21)
6.
Nyeueurkeun maos sholawat
Nu salajengna nyaeta urang kedah seueur maos sholawat, boh sosoranganan
atanapi berjamaah. Shalawat mangrupikeun bukti cinta urang ka rosul, oge
mangrupikeun wujud terima kasih ka rosul. Saha jalmi nu disebut Nami Rrosul
Muhammad SAW, tuluy henteu maos sholawat, maka eta jalmi teh pang bakhilna. Shalawat
teh amalan nu hampang ngalakukeunana, tapi ageung pahalana. Saking agungna
shalawat, Allah jeung malaikat oge shalawat ka Nabi.
إن
الله و ملائكته يصلون على النبي يأيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.
Hartosna: “Saenyana Allah jeung Malaikatna, shalawat ka Nabi. Heuy
jalma-jalma nu Iman geura ucapkeun shalawat ka Nabi sinareng salam.” (QS. Al-Ahzab:
56)
7.
Ngawariskeun ajaranana
Nu ka tujuh, kawajiban urang sangkan diangken janten ummat Nabi nyaeta
urang kedah ngawariskeun ajaranana ku jalaran ngajarkeun ajaran-ajaran Nabi ka
generasi muda. Ngajarkeun Islam ka barudak urang, ngajarkeun sunnah-sunnahna ka
generasi nu bakal ngagantikeun urang saparantosna urang mulih ka rohmatullah.
Sangkan ajaran Nabi jumeneng, henteu leungit atawa jadi perkara anu asing.
Di antawisna nu kalebet ngamumule ajaran Nabi oge urang ngenalkeun ka
barudak urang tentang kalender Hijriyah. geura urang taroskeun ka barudak.
Apakah apal kana nami-nami Bulan hijriyah? mana nu leuwih diapal ku barudak,
tahun masehi atawa tahun hijriyah? Padahal tahun Hijriyah teh itungan tahun nu
diajarkeun ku Nabi, nu patali jeung prak-prakan Ibadah urang. Urang Puasa,
haji, zakat mal, sholat idul fitri, idul adha, eta sadaya patokanana tahun
Hijriyah, sanes Masehi.
8.
Ngabela ajaranana
Nu salajengna, urang kedah siap ngabela ajaranana. Urang salaku ummat
Islam kedah aya kontribusi dina ngabela sareng ngamumule ajaran Islam.
Para Hadirin jamaah jum’ah nu dimuliakeun ku Allah SWT...
Eta diantawisna nu wajib kuurang dilakonan supanten urang berhak kenging
cinta ti Nabi Muhammad SAW, kenging syafaatna engke jaga di yaumil akhir.
Mugia khutbah ieu aya manfaatna, khususna ka diri khotib, umumna ka
hadirin sadaya.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ
وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ
قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَالْعَظِيْمَ لِيْ
وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ
هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ
KHUTBAH KADUA
الحمد لله الذي أرسل
رسوله بالهدى و دين الحق ليظهره على الدين كله، و كفى بالله شهيدا. أشهد أن لا إله
إلا الله وحده لا شريك له و أشهد أن محمدا عبده و رسوله لا نبي بعده. اللهم صل و
سلم و بارك و أنعم على نبينا محمد و على آله و صحبه أجمعين. أما بعد...
فَيَااَ يُّهَاالنَّاسُ !! اِتَّقُوااللهَ تَعَالىَ. وَذَرُوالْفَوَاحِشَ
مَاظَهَرَ منها وَمَابَطَنْ. وَحَافِظُوْاعَلىَ الطَّاعَةِ وَحُضُوْرِ الْجُمْعَةِ
وَالْجَمَاعَةِ. وَاعْلَمُوْااَنَّ اللهَ اَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَفِيْهِ
بِنَفْسِهِ. وَثَنَّى بِمَلاَئِكَةِ قُدْسِهِ. فَقَالَ تَعَالىَ وَلَمْ يَزَلْ
قَائِلاًعَلِيْمًا: اِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِىْ يَاَ
يُّهَاالَّذِيْنَ آمَنُوْاصَلُّوْاعَلَيْهِ وَسَلِّمُوْاتَسْلِيْمًا. اَللّهُمَّ
صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ.
كَمَاصَلَّيْتَ عَلىَ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلىَ اَلِ سَيِّدِنَا
اِبْرَاهِيْمَ. في ِالْعَالَمِيْنَ اِنَّكَ حَمِيْدٌمَجِيْدٌ.
اَللّهُمَّ وَارْضَ عَنِ الْخُلَفَاءِالرَّاشِدِيْنَ سَيّدِنَا اَبِى
بَكْرٍ وَعُمَرَ وَعُثْمَانَ وَعَلِيٍّ وَعَنْ سَائِرِاَصْحَابِ نَبِيِّكَ
اَجْمَعِيْنَ وَعَنِ التَّابِعِيْنَ وَتَابِعِى التَّابِعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ
بِاِحْسَانٍ اِلىَ يَوْمِ الدِّيْنِ.
اَللّهُمَّ اغْفِرْلِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ
وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَاوَاهِبَ
الْعَطِيَّاتِ. اَللّهُمَّ ادْفَعْ عَنَّاالْغَلاَءَ وَالْوَبَاءَ وَالزِّنَا
وَالزَّلاَزِلَ وَالْمِحَنَ. وَسُوْءَالْفِتَنِ مَاظَهَرَمِنْهَا وَمَابَطَنَ عَنْ
بَلَدِنَا هَذَاخَاصَّةً وَعَنْ سَائِرِبَلاَدِالْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً يَارَبَّ
الْعَالَمِيْنَ. رَبَّنَااَتِنَافِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلاَخِرَةِ
حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
عِبَادَالله اِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِالْعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ
وَاِيْتَاءِذِى الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْىِ
يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ فَاذْكُرُوااللهَ الْعَظِيْمِ يذكركم
وَاشْكُرُوهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ. وَلَذِكْرُاللهِ اَكْبَرُ