Rabu, 18 Maret 2020

Khutbah Jum'at (24 Nopember 2017)



MA'NA MAULID NABI MUHAMMAD SAW
الْحَمْدَ للهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِأَنْفُسِناَوَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا. مَنْ يَهْدِ الله  فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ. أَشْهَدُ أَن لاَّ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُ اللهِ وَرَسُولُهُ . اللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحابِهِ أَجْمَعِينَ، وَالتَّابِعِينَ لَهُمْ بإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ.
 أَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهِ أُوصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ اْلمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى: لقد جاءكم رسول من أنفسكم عزيز عليه ما عنتم حريص عليكم بالمؤمنين رؤوف رحيم. وقال أيضا: هو الذي أرسل رسوله بالهدى و دين الحق ليظهره على الدين كله و كفى بالله شهيدا.
Hadirin nu sami-sami miharep Ridho Alloh !
Saparantos urang nyandingkeun puji, ka Gusti Nu Maha Suci Alloh Robbul 'Izzaty, nyandangkeun puja ka Nu Maha Kawasa Alloh 'Azza Wa Jalla. Ngahaturkeun syukur ku pitutur, ka Alloh Robbun Ghofur, nu mana ku kersa Manten-Na urang sadaya tiasa ngalaksanakeun hiji amaliyah kawajiban saminggu sakali, nyatana ibadah sholat Jum'at.
Sholawat miwah kawilujengan mugia salamina ngucur ka jungjunan urang sadayana, Nabi Muhammad saw. ka kulawargina, para shohabatna tug dugi ka urang sadaya nu mudah-mudahan kalebet ka golong umatna nu jaga kénging Syafa'atul 'Udzma. Amin ya Alloh Ya Robbal 'Alamin.
Salajengna khotib ngawasiatkeun ka diri pribadi khotib tur ka para hadirin sadaya supaya urang ningkatkeun kataqwaan ka Allah SWT. Kumargi jalma-jalma anu taqwa eta nu bakal kenging kabagjaan di dunia sinareng aheratna.
Hadirin Rohimakumulloh !
Ayeuna urang nincak dina sasih anu ngandung sajarah, sabab dina sasih ieu pisan lahir hiji jalmi anu pinuji, nyatana Nabi Muhammad saw. Nu akibat lahirna Nabi téh ngahiliwirkeun angin katiginan pikeun migusti pangéran nu sahiji nyaéta Alloh Robbul Izzaty. Nu akibat babar anjeunna nyambuangkeun hawa kasadaran pikeun manusa sangkan sadar, pasrah, sadrah bari sumerah ka Alloh Jalla jalalah. Nya Anjeuna pisan nu nyébor sagara keusik kajahiliyyahan ku cai kaimanan sareng katauhidan, sahingga manusa apal kana arti kamanusaan, tur apal ka saha nu kudu dijadikeun panangtayungan jeung tempat pananggéuhan, ogé ka saha nu kudu dijadikeun Pangéran. Kaping 12 énjing-énjing dina dinten senen sasih Robi’ul Awwal, awal taun Gajah nu ka masyhur, Atanapi kaping 20 sasih April taun 571 masehi.
Lamun ngaguar deui sajarah kahirupan Nabi Muhammad saw. ti saprak anjeuna gubrag babar ka alam dunya, éstu pinuh ku kajadian nu kacida ahéngna anu minangka tanda kaistiméwaan-kaistiméwaan pikeun calon Nabi. tur minangka panyambutan kana babarna hiji manusa nu bakal jadi panutan. Diantarana baé, nalika anjeunna babar datang hiji pasukan anu dipingpin ku Raja Abrahah, nu diabadikeun dina ayat Al-Qur’an surat Al-Fiil. ku tradisi Arab ieu hal téh dipercaya minangka mu’jizat nu kahiji diantara mukjizat nabi nu sanésna.
Kaahéngan nu sanésna dina mapag babarna Nabi Muhammad saw. nyaéta pareumna seuneu nu jadi sesembahan kaum Majusi di nagri Pérsia, ogé kaahéngan-kaahéngan sanésna, saperti sumujudna sakabéh makhluk nu aya di satungkebing langit satangkaraking jagat buana nu minangka sujud kahurmatan.
Hal ieu nandakeun yén babarna Nabi Muhammad saw. disambut ku panghurmatan nu kacida agungna. Nu jadi pertanyaan pikeun urang sadayana ayeuna, naon nu kudu dicandak tur dijadikeun palajaran dina sajarah sasih Robi'ul Awal ieu, nu dilebetna aya sajarah agung, nyatana babarna panutan urang sadayana Nabi Muhammad saw.?. Kukituna didieu urang sadaya kedah emut tugas naon Nabi Muhammad saw. di utus ka alam dunya. Mangga urang titénan kana ayat ka-28, dina surat Al-Fath :
هُوَ ألَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ اْلحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلىَ الدِّينْ ِكُلِّهِ وَكَفَى بِالله ِشَهِيْدًا
“Nya anjeunna nu ngutus Rasul-Na, kalawan mawa pituduh jeung agama nu haq (bener), pikeun Anjeunna ngunggulkeun éta agama batan agama sakabéh agama-agama, jeung cukup Alloh nu jadi saksina”.
Didieu aya dua bekel/amanat nu jadi alat para Rasul kalebet Nabi Muhammad s.a.w dina ngajalankeun tugas karosulanana, jeung hiji tugas nu kudu dilaksanakeun. Naon Dua bekel téh?
Nu kahiji أَلْهُدَى hartina pituduh. Pituduh naon ? Apanan tugas Nabi téh nuduhkeun ka manusa pikeun migusti pangéran nu sahiji ku kalimat لَاِإلَهَ إِلَّاالله (Teu aya pangéran nu wajib disembah anging pangéran nu sahiji nyatana Alloh). Da hakékatna mah para Nabi jeung Rosul diutus téh, taya kajaba sami pikeun nuduhkeun kalimat Tauhid tadi. Hal ieu téh dina raraga ngélingan manusa supaya éling kana purwa daksi, nu baheula éta kalimat tauhid geus jadi ikrar sakumaha dina asal kajadian, apanan urang téh geus ariman tur geus be’at langsung dipayuneun Alloh Ta’ala, yén urang téh moal rék midua anjeun-Na, urang tos ikrar dina mangsa aya dina alam rahim nalika Alloh naros أَلسْتُ بِرَبِّكُمْ? urang saréréa ngajawab َبلَى شَهِدنَا. Urang sadaya asalna kenal ka Allah, tapi nalika lahir ka alam dunia hirup di alam fana,  ikrar eta kapopohokeun.
Maka ku sabab éta pisan perlu ayana pengéling-ngéling, nya Alloh ngutus para rasul kalebet Rosululloh saw. sakumaha Dawuhan Alloh dina Al-Qur’an surat Adz-Dzariyat ayat 55:
وَذَكِّرْ فَإِنَّ الذِّكْرَى تَنْفَعُ اْلمُؤْمِنَيْنَ
“Bere pangéling-ngéling ku Anjeun (Muhammad) saéstuna pangéling-ngéling éta kacida aya manfa’atna pikeun jalma-jalma nu ariman”
Jadi, Ngalaksanakeun sagala nu dipépélingkeun atanapi nu di tuduhkeun ku Nabi Muhammad saw. boh nu bentukna larangan atawa paréntah éta téh mangrupakeun wasilah atanapi cukang lantaran pikeun nagberesihkeun haté, jiwa jeung perasaan nu kacida gedé manfaatna. Manfaat pikeun Jiwa urang sadayana nu tadina saméméh dibungkus ku jasad, dina kaayaan beresih tur suci, tuluy jadi kotor ku akibat kaeunteupan panyakit “poho kana purwadaksi” téa, poho kana kaayaan awal kajadian. tah ku jalan urang ngalaksanakeun pepéling atanapi pituduh tegesna "أَلْهُدَى" nu sumpingna ti Nabi Muhammad saw. nu mangrupakeun alat pikeun ngaberesihkeun jiwa, maka urang bakal bisa balik deui kana kajadian awal urang tur bakal tepung nyaksian ‘Al-Haq” nyatana Alloh Ta’ala.
Nu kadua bekel nu dicandak téh nyaéta " دِيْنِ اْلحَقِّ" (agama nu haq nu dipikaridho ku Alloh s.w.t), agama nu mana ? nu jelasmah agama Islam sakumaha dawuhan Alloh: "Innad-Diina 'Indalloohil-Islaam" (saéstuna agama nu dipikaridho ku Alloh téh nyaéta Agama Islam). Jadi mun ukur agama Islam nu Haq. Malihan Alloh ngajelaskeun dina Dawuhan-Na-na وَمَنْ يَّبْتَغِ غَيْرَ اْلإِسْلاَمَ دِيْنًا فَلَنْ ُيقْبَلَ مِنْهُ.... (Jeung sing saha jalamana nu neangan agama salian ti agama Islam maka ku kami (saur Alloh) bakal di tolak tegesna moal ditarima).
Hadirin Rohimakumulloh !
Islam téh agama nu nyandak kana kasalametan, ngajarkeun kapasrahan total, saluyu sareng arti "Islam" nyatana "kasalametan/kasejahteraan". Nyandak kana kasalematan didieu, hartina yén islam téh teu nyasarkeun jalma nu ngagemna, sabab ajarana réalistis saluyu reujeung kamanusaan. Teu aya sakedik ogé ajaran Islam nu nyilakakeun, kabéh ogé méré kauntungan, kabagjaan pikeun jalma nu ngalaksaakeunana. tur agama islam ogé ngajarkeun kana kasaimbangan hirup, hartosna hirup urang téh ulah katungkul teuing ku dunya, sahingga urang kaasup kana golongan jalma-jalma nu teu katipu ku kaéndahan alam dunya nu sifatna samentara, ni sifatna keuna ku rusak. Tapi urang kudu inget yén hirup téh lain didunya wungkul, tapi urang sadaya bakal asup ka alam nu bakal jadi pangbalikan urang, alam nu langgeng abadi nyatana akhérat. Tah dina Islam, diajarkeun kumaha carana urang sangkan salamet di dunya ogé salamet diakhérat.
Islam bisa ogé dihartikeun "pasrah" hartina pasrah didieu yén urang sadaya diperedih sangkan masrahkeun badan sakujur, kalayan total ka Alloh swt. Sabab, hakékatna diri urang téh kabéh ogé milik Alloh, urangmah teu ngaboga-boga لاَحَوْلَ وَلاَقُوَّةَ إِلَّا بِااللهِ اْلعَلِيِّ اْلعَظِيْم(Taya daya, taya kakuatan, anging kalayan idzin Alloh Nu Maha Agung). Urang mah Wungkul kaamanatan, katitipan nu hiji waktu urang bakal dipenta pertanggungjawabanana, tugas urang mah miara, ngamanfaatkeun ogé ngagunakeun diri urang téh pikeun ibadah ka Alloh dina raraga ngisi kahirupan di alam dunya, ogé jaga pikeun ngisian alam nu langgeng taya tungtungna nyatana alam akhérat.
Hadirin Rohimakumulloh !
Salajengna naon tugas nu kudu dilaksanakeun ku para rosul téh? Nu kahiji tugasna, ِليُظْهِرَهُ (Pikeun ngajelaskeun/némbongkeun/ngadzohirkeun). Naon nu kudu ditémbongkeun téh ?  عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ   (Agama sacara global/menyeluruh). hartosna para Nabi téh diperedih sangkan némbongkeun ajaran agama Islam ka manusa kalayan menyeluruh ulah aya nu disumput-sumput, supaya manusa téh apal kana kaagungan agama Alloh, kana kasucian agama Alloh, tur ngarti bari paham ogé ngamalkeun agama kalawan élmuna. Sabab fitrah manusa moal ngaku hiji perkara lamun tadina teu nyaho, moal resep ka hiji perkara lamun teu apal, jadi apal/nyaho, tuluy mikaresep kusabab geus apal/geus wanoh, tur nyaho kana jeroanana hiji perkara, kaasup apal kana kaagungan agama, nyatana agama Islam.
Tah didieu tugasna para rasul pikeun némbongkeun kaagungan agama nu haq agama nu bener téa, nyatana agama nu dipikaridho ku Alloh s.w.t. Kalebet Nabi Muhammad saw. tos némbongkeun ka urang sadayana kana agungna ajaran agama Islam, kukituna mangga urang sami-sami ngajaga bari ngalaksanakeun ajaran-ajaran agama Islam kalayan saleres-leresna. Mudah-mudahan urang kalebet golongan jalma-jalma nu dipikaridho ku Alloh ku sabab wasilahna urang sadaya jadi jalma nu Muslim bari ngalaksanakeun ajaran ka islaman, agama nu dipikaridho ku Alloh s.w.t. tur mudah-mudahan hidayah nu tos ngancik di diri urang mugia sing tetep ayana, dikuatkeun ku Alloh s.wt. Amin ya Alloh Ya Robbal 'Alamin.
بارك الله لي و لكم في القرأن العظيم و نفعني و اياكم بما فيه من الأيات و ذكر الحكيم و تقبل مني و منكم تلاوته انه هو السميع العليم أقول قولي هذا واستغفر الله العظيم لي و لكم   .

Khutbah kadua:

اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَاَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
اَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى
وَقَالَ تَعاَلَى اِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ اَبِى بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ اَعِزَّ اْلاِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ اَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ اِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! اِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرْ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar